Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Lilinieun

1

Ku : H.Dede Asy'arie

Sanggeus kajadian aya Lini badag anu ngoyagkeun , ayeuna mah Abah teh jadi sok aya kabiasaan anyar, nyaeta sok asa oyag lante imah, mun keur cicing oge.

Ceuk adi Abah mah ‘Lilinineun ; eta teh ngaranna, pangaruh tina rasa ‘Trauma' ku Lini badag nu ngancurkeun tea. Tapi da lain Abah wungkul ning nu boga rarasaan siga kitu, sarua loba tatangga ge anu ngaku siga Abah, nyaeta sok “Lilinieun“ tea.

Kajadian anu jadi musibah gede keur urang , nyaeta ayana Lini badag dina poe Senen tanggal 21 Nopember anu kaliwat, dongengna Uwa Abah mah, sihoreng lain kajadian anu anyar keur urang .

Kantos cenah saur pun Uwa mah,anjeunna ngupingkeun dongeng ti pun Uyut anu nyarioskeun dongeng Lini badag di ti kersana Eyangna. “Bakating ku badagna lini waktu harita, cenah Balong-balong ge kuat saraat kareplok ku oyagna Lini badag tea“ saur pun Uwa bari nyarioskeun duka sabaraha rebu wangunan anu raruksak, atawa rarubuh jeung korban jiwa anu kawilang lobana geus puguh anu taratu mah.

Hanjakal can siga ayeuna , aya catetan anu resmi ti pamarentah sabaraha jiwa anu perlaya atawa anu tatu parna, sabaraha wangunan anu ruksak atawa ambruk “ saur pun Uwa keneh. “Na taun sabaraha eta teh Wa ?“ adi Abah anu harita milu ngariung nanya, panasaran meureun.

Saur pun Uwa , anu kenging dongeng ti pun Uyut tea, Lini anu badag tur ngaruksak pisan  mah kajadianana taun 1879, malah lain ukur di wewengkon wungkul anu wangunan raruksak jeung korban jiwa sarta anu taratu parna teh, tapi oge di wewengkon Sukabumi malah cenah kaasup oge wewengkon Banten.

Salian ti taun 1879, cenah kajadian Lini badag anu ngaruksak wewengkon jeung Sukabumi teh myaeta dina taun 1900  , 1910 jeung taun 1912 , malah cenah saur pun Uwa keneh aya beja dina taun 1844 oge kungsi kajadian aya Lini badag di jeung Sukabumi ngan kurang pati eces cenah beja anu eta mah.

“Ari ceuk katerangan ti Pamarentah mah cenah, geus mindeng kacida kajadian ayana Lini di wewengkon Cianjur jeung Sukabumi teh“ saur pun Uwa deui bari derekdek nataan kajadian diantarana taun 1969 tanggal 2 Nopember, terus tanggal 26 Nopember taun 1973 loba imah ruksak di wewengkon Sukabumi.

Taun 1982 tanggal 10 Pebruari, Lini badag di Cianjur- Sukabumi ngakibatkeun loba wangunan ruksak jeung korban jiwa. Dina taun 2000 , saur pun Uwa keneh, 1900 wangunan ruksak ku ayana Lini badag anu kakuatanana 5,4 Magnitudo dina tanggal 12 Juli, sawatara dina tanggal 12 Juni 2011 di wewengkon Cianjur-Sukabumi  dina kakuatan 4,9 Magnitudo ngakibatkeun 136 wangunan di Lebak jeung Sukabumi raruksak.

Lini badag anu leuwih ti kakuatan waktu kamari tanggal 21 Nopember di Cianjur, saur pun Uwa, nyaeta waktu kajadian dina tanggal 4 Juni taun 2012.

Kajadian Lini badag di wewengkon Cianjur – Sukabumi harita nepika ukuran 5,1 Magnitudo leuwih rohaka batan anu kajadian di Cianjur kamari anu ukuran kakuaranana 5,6 Magnitudo.

Kajadian tanggal 4 Juni 2012 ngkibatkeun 104 wangunan raruksak.Dina taun eta keneh, nyaeta tanggal 8 September taun 2012, 506 wangunan ruksak ku Lini badag dina ukuran 5,1 magnitudo.

Di Sukabumi keneh, cenah dina taun 2020, tanggal 11 Maret kajadian Lini badag anu ngakibateun ruksakna 760 wangunan di wewengkon Sukabumi raruksak.

Jadi cenah, Cianjur, Sukabumi, Bandung, Lembang jeung Purwakarta kaasup kana wewengkon anu rawan keuna ku oyagna bumi.

Mudah-mudahan urang salaku urang Cianjur bisa nyokot Hikmah tina tumibana musibah Lini badag dina poe Senen tanggal 21 Nopember 2022.

Mudah-mudahan ku lobana dukungan jeung bantuan naha bantuan banda, tanaga, oge dorongan moril jeung do'a, Cianjur bisa geura-geura pulih kalayan dipukprukan ku maghfiroh jeung Barokah Allah Anu Maha Kawasa.

Aamiin Yaa Mujibassailiin. Wallohu'alam bisshowab. Wassalam. (***)

1 Comment
  1. […] Baca juga : Lilinieun […]

Leave A Reply

Your email address will not be published.