Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Bakal Aya Deui Aturan Rebo Nyunda ?

0

Ku : H.Dede Asy'arie

Abah teh asa panasaran, naha aya keneh kitu aturan ‘Rebo Nyunda‘ khususna mah di urang di wewengkon Tatar Santri ? Enya, eta geuning, ari unggal poe Rebo, aya aturan pikeun para ASN oge murid-murid sakola, kudu marake pakean anu Nyunda jeung kudu nyarita khusus poe eta ku basa Sunda.

Duka masih keneh diparake atawa henteu, Abah teu pati apal, da geus lila tara ngabandungan, loba teuing ngahekok di imah batan liar. Ngan anu puguh, hate Abah sok ngangres sakapeung mah, mun ngabandungan kahirupan di Tatar Sunda utamana mah di urang di Tatar Santri , eta dina palebah nyarita, da mani asa di Batawi atuh lain asa di tatar Sunda.

Tiheula keur budak, di Warujajar boga tatangga, jadi sobat dalit malahan mah. Kulawargana asli ti Singaparna Tasikmalaya, ngan nyaritana loba keneh ku basa Batawi batan ku basa Sunda, alesanana mah, memeh ka teh, lila di Batawi cenah nepika ampir poho kana basa indung.

Jadi ras inget kana caritaan babaturan waktu keur di Terminal Joglo jaman harita, aya anu karek balik gawe ti Batawi karek sataun cenah, da eta mah nyaritana mani embung ku basa lembur, hayang Babatawian. Ditanya rek balik kamana ge ngawalerna teh “Mau ke Air Bambu Iket“ cenah padahal mah maksudna ka “Ciawi tali“.

Karek sataun tateh di Batawina oge can puluhan taun, geus poho cenah kana basa lembur sorangan ! Nu puguh, ceuk suudzona ieu mah, urang Sunda anu kitu kaasup anu teu ngarasa reueus ku Basa Indungna, teu reueus ku ka-Sunda-an nana.

Ngan ceuk Abah ieu mah,anu matek hemeng , ayeuna mah mani geus lumrah mun nyarita marake basa Batawi, lain basa Sunda teh. Kaalaman pisan ieu mah ku Abah, basa dina hiji waktu, geus lawas pisan waktuna mah, duka sabaraha taun kaliwat, ngan mun teu salah mah, harita teh deuk aya riungan alumni Pasantren Cipasung di Cipanas.

Harita basa Abah rek ka Cipanas rek nepungan babaturan urang Jakarta anu keur leleson di hotel di Cipanas, naek Cipanasan ti hareupeun Majlis Rancabali, da sok loba angkot Cipanasan nu ngadon ngaliwat ka hareupeun Majlis Rancabali, ngahaja neangan panumpang.

Baca juga : Pangalaman Abah Nguseup di Walungan

Harita kabagean diuk sabangku ku duaan katilu supir, da memang keur meujeuhna marema, ditukang mah geus puguh , hese usik pisan bakating ku pinuh. Kadengena di tukang mani recok nu ngadarongeng.” Nina mah baru lewat sinih yah ? “ ceuk hiji sora, indungna budak nu ngaran Nina sigana mah.

Teu kadenge sora budakna mah, ngan sigana nu jadi ninina milu nyarita, “Udah ya, dulu sama nene kan lewat sinih juga“ ceuk hiji sora , ninina budak meureun matak nga-nene-keun oge.

Angkot Cipanasan ngadius meulah jalan by pass. Teu lila kadenge sora indung budak tadi, keur teteleponan sigana mah, enya sigana mah, da pan teu bisa luak-lieuk katukang. “Iya ini juga sudah nyampe , tadi mah kapegat macet jadi we kita mah lewat Jonggol”. Nu galecok di tukang teu eureun nepika maranehna tarurun di Cigombong.

Nu jadi pamikiran Abah sajajalan, eta nu ngalobrol teh, jelas pisan urang , urang Cigombong Kacamatan Pacet. Tapi dibandungan tina galecokna obrolan, estu siga pisan urang Batawi, make kecap-kecap Sunda ge ukur kecap ‘Mah', ‘Wae' jeung kecap ‘Teh'.

Komo deui waktu ngobrol jeung budakna mah estuning mamalayuan pisan. Ngenes pisan karasana ku Abah mah, rek arapal kumaha kana basa Sunda da geuning ti bubudak keneh ge geus teu diwanohkeun kana basa indungna.

Sedih, nalangsa, mun ngabandungan kahirupan sapopoe, dina wangkongan barudak ayeuna timimiti budak Teka, budak Esde, Es Em Pe, Es Em A, komo deui mahasiswa mah, asa jarang pisan ngabandungan ngawarangkong make basa Sunda, rajeun aya, barudak nu keur meujeuhna sok nyarita make basa Sunda, ngan hanjakal basana mani sugal-garihal, sagala disebutan, komo eta kecap ‘gogog'sareng ‘ begu ‘  mani tara kalangkung…!!!

Baca juga : Lilinieun

Kungsi hiji waktu nganteur nu jadi incu ka sakolana, na da asa teu di tatar Sunda atuh, nu rarecok teh, marake basa malayu we, basa batawi. Komo ari dina angkot mah, asana jarang kawenehan aya barudak sakola galecok nyarita atawa ngobrol dina henpon make basa Sunda, komo make basa Sunda nu lemes mah.

Ayeuna mah geus teu rame deui wacana Poe Rebo Nyunda, duka engke mah , naha bakal rame deui aturan Rebo Nyunda keur barudak sakola jeung para pagawe pamarentah ?.

Wallohu'alam bisshowab. Wassalam (***)

Leave A Reply

Your email address will not be published.