Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Jangkrik, Horeng Loba Khasiatna

0

Salah sahiji kaulinan pangaresep Abah jaman keur budak nyaeta ngala jangkrik. Jangkrik anu dina basa Latin disebut Grylloidea teh hiji sato sabangsaning  ‘Sisimeutan‘ anu kaasup oge sato Omnivora.

Basa Abah keur budak mah,Jangkrik teh ukur keur diadukeun atawa didengekeun sorana. Harita anu Abah apal ukur Jangkrik biasa, Jangkrik Padang jeung Jangkrik Kalung.

Minangka anu pang “Kojo“ na,  jaman harita mah Jangkrik kalung. Jangkrik Kalung anu geus kolot pisan warnana hideung meles bari aya polet koneng dina pundukna.

Jangkrik Padang mah aya codetan dina huluna, ngan hanjakal, Abah jeung babaturan mah,  teu raresepeun ngingu Jangkrik Padang waktu jaman harita teh.

Habitat Jangkrik ceuk dina buku elmu Hewan jaman Abah sakola baheula, cenah dina jujukutan atawa dina tatangkalan, ngan anehna saban Abah ngala Jangkrik jeung babaturan, anu diteangan teh sawah anu geus garing, anu taneuhna geus bareulah, da memang loba geuning Jangrik timimiti anu karek megar nepika anu geus darewasa.

Ku jaman ayeuna mah, Jangkrik teh bisa jadi komoditi usaha anu ngajangjikeun, nepika cenah ayeuna geus aya pembekalan elmu keur usaha tina Jangkrik.

“Pan ayeuna mah usum miara Manuk ocehan anu ‘menu’ parabna diantara ku Jangkrik, kitu deui anu miara lauk hias dina akuarium, pan aya anu parabna kudu make Jangkrik, matak pantes jadi lahan usaha anu nguntungkeun oge“ ceuk sobat Abah dina hiji waktu.

Bari nyebutkeun, najan manehna teu ngingu Manuk Ocehan atawa lauk hias anu kudu diparaban ku Jangkrik, tapi manehna remen pisan meuli Jangkrik.

“Ari Uwa keur naon atuh make sok meuli Jangkrik, keur digoreng ?“ Abah  ngaheureuyan. “Pan uwa mah jurig nguseup, tah diantara eupan anu kudu aya teh nyaeta Jangkrik “ cenah bari ngaheheh.

Tapi ulah salah cenah ceuk sobat Abah tea, di Pekanbaru mah, aya hiji ibu anu wiraswastana tina Jangkrik.

“Lain dijualan keur parab, manehna mah Ji, tapi dijieun kaolahan, malah obat keur kasehatan“ ceuk si Uwa bari nyebutkeun yen diantara khasiat obat anu dijieun tina Jangkrik tea diantarana nyegah impotensi keur lalaki.

Teu pati ilahar cenah di urang mah, Jangkrik dijieun kadaangan teh, tapi di Pekanbaru mah cenah eta ibu-ibu teh nepika disebutna oge Ibu Jangkrik, bakat ku enyaan nguruskeun usahan anu sagalana tina Jangkrik.

“Anu pangditareanganana ku konsumen teh cenah Rempeyek Jangkrik buatan si ibu Jangkrik tadi, da salianti rasana anu pedo, oge ngandung khasiat anu nyehatkeun kana awak.”

Urang mah, karek samet miara Jangrik teh keur didengekeun sorana, atawa cenah keur nyingsieunan Beurit, da Beurit mah cenah teu resepeun ku sora Jangkrik.

”Ceuk si Uwa bari seuri, da rumasa meureun tiheula dititah neangan Jangkrik keur nyingsieunan Beurit, kalahka dipake eupan nguseup ku manehna.

“Uwa mah rek nyobaan ah , nyieunan Rempeyek Jangkrik mungpung keur loba di tukang eupan , susuganan we uwa bisa ‘ Jrek nong ‘ deui siga keur ngora !“ ceuk sobat Abah bari keom.

Ceuk babaturan Abah anu jadi dokter, di urang mah ukur disababaraha tempat, anu ilahar ngadahar Jangkrik, Simeut jeung sajabana, tapi di beulahan dunya sejen mah, anu geus arapaleun kana nutrisi anu aya dina Jangkrik atawa Simeut, geus ilahar deui nyieun camilan tina Simeut atawa Jangkrik.

Ceuk hiji panalungtikan ceuk babaturan Abah keneh, Jangkrik teh ngandung zat Antioksidan anu meh sarua jeung Jus Jeruk.

“Lah nu penting keur uwa mah, eta we palebah khasiat anu bisa nyababkeun unggal isuk, bisa hudang bareng deui jeung si Ujang“ si Uwa mani teu sirikna paparingkelan seurina oge.

Bilih para wargi aya anu sapagodos sareng si Uwa, bilih bade nyarobian nuang Jangkrik ? Wallohu’alam bisshowab. Wassalam . (***)

Leave A Reply

Your email address will not be published.