Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Cianjur Dioyag Lini Badag

0

Ku : H.Dede Asy'arie

Poe Senen tanggal 21 Nopember 2022, harita karek beres ngawadang. Abah jeung Ambu keur nanggap Incu nu ngepyak ngigel nurutan anu keur maroyeg dina Youtube karesepna.

Jol riyeg imah oyag, gageder sababaraha detik! Si Ambu ngorejat tuluy ngajerit bari ngucap Takbir. “Allooooohu Akbaaar yaa Alloooh Liniiiii !!!“ cenah bari langsung muru panto kaluar bari samemehna mangku Incu anu keur ngepyak hareupeun tipi.

Diluar sarua jalma geus rabeng pasuliwer, kabeh muru ka beulah kulon deuk kaluar ti Gang Tengkorak, teu lila geus baralik deui, horeng cenah tembok pager sakola SDN Pasar Suuk rempag.

“Sigana Gunung Gede ieu mah, da mani rosa kieu oyagna oge“ ceuk Iman nu boga warung hareupeun imah.

Mani sarua pisan jeung irongan Abah, enya sigana mah, ningani rohakana tanaga Lini, sigana di wewengkon keneh puseurna ge, geus teg Abah oge, Gunung Gede sigana nguniang deui.

Rupa-rupa wangkongan jalma nu dilaluar imahna sewang-sewangan da aringgiseun arasup ka imah mah sieun aya deui Lini.

Abah mah jol inget kana tipi, langsung neangan saluran tipi anu nyiarkeun warta ngeunaan kajadian anu cikeneh. Kabeneran aya TV-one nu keur nyiarkeun ‘Breaking news‘ ngeunaan kajadian Lini gede di .

Ceuk BMKG cenah kakuatan Lini atawa Gempa teh 5,6 Magnitudo kalawan jerona ukur 10 kilometer di beulah “Ngidul- ngulon“ puseur kota .

Sapoe eta parat nempo tipi teu pindah-pindah, manteng dina acara ‘Breaking news‘ TV-one anu ngawartakeun langsung ti tempat kajadian.

Reuwas kacida barang ngadenge beja, loba imah anu raroboh, loba jalma anu carilaka, malah loba imah anu karurub ku longsoran taneuh anu kajadianana di Desa Cijedil-Kacamatan Cugenang.

Teu nyangka asalna Abah oge, bakal aya korban jiwa, ngan piraku tipi ngabohong? harita oge, waktu keur wawarcara jeung Bupati .

H.Herman Suherman anu langsung ka lokasi, korban jiwa geus kacatet aya 27 urangna sawatara anu tatu leuwih ti 200 urangna.

Karek ‘ngeuh‘ yen, musibah Lini badag di , horeng kaasup musibah nasional nepika Persiden Jokowi oge, dua kali langsung turun ka lokasi, kitu deui Gupernur Jabar H.Ridwan Kamil, wakil Gupernur Jabar H. Uu Ruzhanul Ulum kitu deui Menteri Sosial Ibu Risma Tri Maharini langsung ngajojo ka lokasi kajadian.

Anu kaalaman ku Abah kamari, sumpahna ge, karek harita ngalaman saumur dumelah. Lini badag di cenah baheula kungsi kajadian di dina taun 1900. Rokahana lini taun 1900 teh cenah kacida pisan nepika cai dina Balong ge saraat taramplok.

Ngan kusabab jaman harita mah, saur pun Nini anu kenging dongeng ti Eyangna, can loba jalma sarta wangunan a jaba bahanna oge lain tina tembok jadi teu loba korban jiwa jeung harta.

Ayeuna mah , jalma-jalma teh geus arapal yen lamun aya Lini, eta asal muasalna lamun teu sabab Vulcanik (Gunung berapi) nya kusabab gerakan lempengan bumi atawa Tektonik. Abah jadi ras inget keur sakola dasar baheula.

Dina hiji buku didongengkeun cenah Rahayat di Jawa , lamun aya Lini teh sok langsung narakolan tatabeuhan naon bae anu disada, bari tinggorowok “ Aya…..aya…..ayaaaaaa !!! “ cenah.

Ari nu jadi sababna cenah, ceuk kapercayaan harita, Bumi teh disuhun ku Tanduk Sapi anu kacida gedena, bari si eta Sapi nangtung dina luhureun tonggong Lauk Paus. Tah lamun si Sapi ngarasa cengkeul cenah sok ngageubig-geubig tandukna anu balukarna karasa aya Lini ku manusa.

Mun geus kitu, manusa kudu rame nyieun kaributan sangkan kadenge ku Sapi yen manusa masih keneh aya ngeusian Bumi anu keur disuhu ku Sapi tea, sangkan si Sapi eureun ngageubig-geubig tandukna.

Kitu cenah ceuk carita dina eta buku anu Abah poho deui ngaran eta buku, naha Taman Pamekar, Taman Sekar atawa buku Umi jeung Udi.

Teu kudu percaya ieuh da ngaranna oge Carita Rahayat. Wallohu'alam bisshowab Wassalam (***)

 

Leave A Reply

Your email address will not be published.