Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Kuliner Deungeun Keur Letah Sunda

3

Deungeun Keur Letah Sunda nayeta mangrupikeun anu diserat ku H. Dede Asy'arie. Abah mah, tiheula keur di gang Tangkorak, lamun indit ka pagawean, anu tara kaliwat memehna, nyaeta nyimpang heula ka warung hareupeun imah. Nu boga warung naha salakina atawa istrina geus apaleun deui naon anu deuk dibeuli, White coffee Luwak opat sachet, Kopi Liong Bulan 2 sachet, roko Sampurna mild weh sabungkus.

Sakapeung mah sok nyimpang heula ka Tukang gorengan hareupeun Alfa midi ngahaja meuli Comro jeung Bala-bala keur lalawuh ngopi di pagawean. Sok ni'mat ngopi bareng bari nyaneut Bala-bala atawa Comro.

“Burger Mc Donald ge moal bisa ngelehkeun Comro keur letah Sunda mah“ ceuk Man Suparman bari gap deui kana Comro anu masih haneut keneh. Teu salah caritaan Man Suparman teh, da keur letah Abah ge, asa ngeunah keneh Comro haneut batan Burger mah, da memang geus disetel tibubudak meureun letahna ge kana Comro batan kana Burger mah, geus dalit kana rasa jeung ambeuna Comro, da piraku deuk teu wawuh dalit kumaha atuh, pan puluhan taun meureun wawuh jeung rasa atawa ambeuna Comro, sedeng ari jeung kadaangan impor mah duka karek sabaraha taun.

Baca Juga: 

Ni'mat Nguseup Mah, Mun Disanggut?

Jadi ras inget ka Uwana barudak, basa dina hiji waktu budak anu lalaki ti Tasik hayang ‘ngajamu‘ Uwana tidituna mah. “Diantosan di Be Ii Pe ku kakang, di konter Pizza“ ceuk budak dina WA na. Enya we barang disampeurkeun oge, geus pesen meja, sabaraha rupa Pizza geus ngabarak kumplit jeung inumeunana. Abah jeung si Ambu, langsung tingcamuil, ngadahar Pizza anu masih keneh haneut, sigana mah perbawa lapar, da tadi teu nyimpang heul ka warung kejo dijalan, lantaran ku implengan pasti budak bakal ngajak dahar di Bandung.

“Sugan temah deuk ka Warung Bancakan tea nya, hanas teu nyimpang heula tadi di Panuju“ ceuk Uwana barudak ngaharewos. “Sok atuh Wa di tuang, mungpung masih keneh haneut!“ ceuk si Ambu.

Bari siga teu pati sumanget, si Uwa ngarawel sakeureut, terus diasaan. “Kang Uwa mah, menta duit we deuk ka warung, teu wawuheun ning letah Uwa mah, asa ngeunah keneh Comro atawa Bala-bala ning“ ceuk si Uwa bari jung nangtung, bari terus pamitan deuk ka luar heula, sanggeus dikeupeulan duit ku budak.

” Teu ngeunah teu sing keur Uwa mah, kantun gayana wungkul!“ ceuk si Uwa bari nyekel setir basa balikkeun ka . “Dusun pisan letah Uwa mah, letah Sunda pituin, teu daekeun wanoh we kana kadaangan deungeun mah.“ ceuk si Uwa deui bari ngaheheh, nyeungseurikeun dirina sorangan sigana mah.

Teu ngabibisani, Abah ge, da lamun teu maksakeun mah, sigana sarua. Kungsi kaalaman ku Abah, mun teu salah taun 80 an, ku babaturan diajak ka Jakarta, tiisuk nepika sore karek disasarap ku Bubur Hayam di Salakopi. Balikna mah Abah wakca hayang mengkol heula ka restoran da teu kuat lapar. Babaturan seuri bari nyarita, sarua cenah manehna ge geus lapar.

Baca Juga: 

KPU Cianjur Tunggu Hasil Penghitungan Suara Pemilu 2024 Sebelum Gelar Pleno Tingkat Kabupaten

“Ke di hareup urang dahar“ cenah. Ari sugan rek ka Sate Kambing, kacipta ni'matna dahar sate jeung sop kambing panas-panas, ari heg kalah mengkol ka KFC di palebah Puncak. Anu Saumur nyunyuhun sirah can perenah ngasaan anu ngaran Fried Chicken, harita kudu maksakeun maneh dahar jeung goreng hayam nagri anu saumurna ge, tara ngadahar da teu beuki! antukna ukur ngadaharan tariguna dicolekeun kana sambel, untung aya kejo oge, bae lah itung-itung daang jeung gorengan we !, nu penting beuteung teu kukurubukan nanagih dieusian!.

Sabenerna mah sunda keru deungeun anu diimpor ka urang lain teu ngeunah, ngan letah urang we can wanoheun. Ngan Abah mah angger we, isuk-isuk, sasarap teh anu gampil we, ngalengkah ka hareupeun imah, mun teu wuduk nya goreng Ulen, ditambah ku Gorengan Comhu anu karek nyat tina panggorengan. Janteeen para saderek, kasimpulanana, letah Sunda mah, wanoheun keneh kana Comro, Comhu, Gehu, Bala-bala, Leupeut, Buras jeung gorengan batan kana Pizza, Spaghetti, Fried Chickeun, Beef Steak, Burger komo deui ka neng Sushi sareng neng Sashimi mah…iiiiiy garila teuing daang lauk atah. !!! sakitu heula we ah.

Wallohu'alam bisshowab, Wassalam. (***)

3 Comments
  1. […] Kuliner Deungeun Keur Letah Sunda […]

  2. […] Kuliner Deungeun Keur Letah Sunda […]

  3. […] Kuliner Deungeun Keur Letah Sunda […]

Leave A Reply

Your email address will not be published.