Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Nguseup Lain Ukur Hayang Lauk

0

Ku : H.Dede Asy'arie

Anu sok nguseup teh, aya anu ukur , pisan jeung “Jurig Nguseup“. Tah sigana bae, diantara eta, Abah mah karek kaasup kana sakadar , can make pisan komo kaasup kana golongan “Jurig Nguseup“ mah.

Enya Abah  ge ngarasa, mun diajakan nguseup sok giak atawa ‘antusias‘ ceuk bahaya legegna mah, najan ayeuna geus teu boga pakakas nguseup siga keur jaman ‘kagegeloan' ku nguseup.

Waktu harita Abah keur tugas di Priangan timur taun 90-an . Disebut ‘Kagegeloan‘ teh atuda, bakat ku resepna kana nguseup waktu harita, nepika ampir unggal poe , asal geus nyieun berita, langsung mangpret balik.

Padahal harita nganjrek teh di Perumahan “Mertua Indah“ di wewengkon Cibalong-Tasikmalaya, ari tempat gawe di wilayah kabupaten Ciamis.

Memeh kaeunteupan panyakit nguseup mah, balik ka imah teh paling beurang jam genep sore malah mimindengna mah, balik teh jam dualas tengah peuting. Kusabab aya karesep anyar, nyaeta nguseup di Walungan Ciwulan bari ngaraliwet jeung parakanca, memeh Ashar ge, kudu geus manco di sisi walungan Ciwulan.

Duka kumaha mimitina, satengah sadar tea meureun kasebutna teh, unggal balik, sok ngaliwatan Kios  pakakas per-Nguseup-an.

Unggal ngaliwat kadinya, siga anu disirep, hideng sorangan awak teh nyimpang heula, sagala diilikan, sagala ditanyakeun, komo mun seug nu boga warung nyebutkeun, aya Eupan Jajim keur nguseup di walungan, pasti dibeuli.

Nepika teu karasa , dina waktu sabulan leuwih, si Pedro tatangga Abah anu sok dipihapean pakakas nguseup laporan cenah, pakakas nguseup sapuratina nu aya di imahna,  teu kurang ti tilu puluh.

”Da kitu memangna ge Ji, ari geus keuna ku sirep Nguseup mah, untungna we can nepika siga Ana jeung balad-balad di Pos wetan, eta mah geus jaradi ‘Jurig nguseup‘“ ceuk Uwana barudak nyaritakeun cenah manehna saparakanca di Pos wetan mah, geus tara ningali waktu, dimana hayang nguseup teh, geus pasti kudu arinditna.

Tiheula cenah, Uwana barudak teh baradami deuk nguseup di Calingcing , rencana miang ti Gang Akeng teh kira-kira tos beres Isya.

Ngan dumadakan cenah Uwana barudak mah, ti Lohor keneh geus karasa muriang paranas tiris malah , nya kapaksa ngaringkuk di Enggon, malah waktu disalampeur ku balad-baladna ge, teu kuat hudang-hudang acan.

“Tah kira-kira jam sapuluh peuting, awak teh karasa seger“ ceuk Uwana barudak bari nyebutkeun harita keneh ge langsung hudang tuluy beberes pakakas nguseup.

Jam satengah dualas cenah nepika sisi cai teh, bari ti sisi jalan raya Ciranjang teh, kudu ngaliwatan leuweung jeuna Pakuburan.

”Lain hayang –hayang teuing meunang lauk eta teh Ji, nganteur karesep we teu kurang teu leuwih “ ceuk Uwana barudak. Ceuk si Uwa keneh, di lembur eta mah, tong boroning anu ngarora, dalah anu geus umurna tunggang gunung oge, ari kana urusan nguseup mah, masih keneh wani diadu jeung nu ngarora.

Contona mah cenah, bapana si Uwa , tiheula jeung balad-baladna lamun geus hayang ngaruseup teh, tara cukup ku sapeuting. “Tampolana mah, tilu peuting eta teh Ji. Mareuting sisi walungan Citarum .

“Mucekil atuh nya ari mangkalan nepika tilu peuting mah“ cekeng panasaran.

Uwana barudak ukur nyerengeh. “Paling alus ge, dua atawa tilu meunang Laukna mah, tapi da lain hayang-hayang  teuing lauk ngadon ngaruseupna oge“ walon Uwana barudak bari nyebutkeun, kabeh anu aridit mangkalan nguseup di walungan Citarum harita, kabehanana oge, baroga Balong anu laukna kintalan, jadi mun hayang lauk tea mah, kari nyiuk we tina Balongna sewang-sewangan.

“Ana mah inget keneh caritaan bapa Ana, cenah ni'matna nguseup mah salian ti dina waktu keur disanggut, oge ni'mat ngararasakeun kaayaan Alam sakuriling tempat nguseup “ ceuk Uwana barudak keneh bari nyaritakeun cenah ceuk si Apih (bapana si Uwa) kacida ni'matna dina waktu isuk-isuk ningali cahaya panonpoe, tingselesep diantara tatangkalaan anu rajeg sisi walungan, angin leutik anu ngahiliwir ditema ku sora Cai walungan, kitu deui cenah dina waktu pasosore.

“Moal aya di kota cenah kaayaan siga kitu mah, ayana ukur sisi cai walungan“ ceuk si Uwa niron caritaan si Apih. Enya karasa pisan naon anu dicaritakeun ku Uwana barudak teh.

Kacipta keneh waktu Abah keur ‘kagegeloan' ku nguseup di walungan Ciwulan tea. Resepna nguseup waktu harita lolobana mah lain pedah hayang meunang Lauk, tapi ‘suasana‘ nguseup harita.

Panon disuguhan tetenjoan harejoa tina alam anu asri, bari awak diusapan ku angin sore nu ngahiliwir, bari irung ditoelan ku seungit beuleum Peda .

Ni'matna udud Keretek bari ngopi hideung, asa can kapanggih deui siga ni'matna udud waktu nguseup babarengan di sisi walungan Ciwulan. Hasilna nguseup mah sigana duka nomer sabaraha , da geuning ukur hiji dua anu balikna ngajingjing lauk mah, tapi kabungah jeung kani'matan nguseup mah sigana walatra.

“Atuh sok we kalkulasikeun ku haji, mun deuk nguseup teh, goreng-gorengna ge saratus rebu mah kudu mekel, tuluy bandingkeun mun duit saratus rebu dipake meuli lauk, meureun opat kilo atawa lima kilo mah bisa “ceuk si Uwa bari nyebutkeun lolobana mah baralik nguseup teh, sok ngaligincing we tara mawa nanaon.

Jadi ceuk si Uwa mah, lolobana anu ngaruseup teh, lain hayang lauk-lauk teuing tapi hayang neangan kasenangan bathin. Kumaha tah para wargi sadaya, akur teu ?  Wallohu'alam bisshowab. Wassalam. (***)

Leave A Reply

Your email address will not be published.