Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Kuliner Cianjur Bihari, Kari Waasna

0

Jaman Abah keur budak baheula, kungsi aya Warung nasi anu kajojo kamana-mana, nyaeta Warung Nasi Wa Odeh. Gedengeun pisan Susukan tempatna Warung Wa Odeh teh, hareupeun Kantor Kejaksaan jaman harita memeh pindah ka Jalan Dr. Muwardi ayeuna.

Di Warung Wa Odeh , anu pangkajojona nyaeta ku Pais Lauk emasna, nepika ti suklakna-ti siklukna nu daratang ka kota sok nyarimpang ka Warung Wa Odeh. Panasaran ku Pais Lauk emasna tea, keur nu encan, atuh keur nu enggeus ngarasaan ni'matna Pais Lauk emas Wa Odeh nya meureun deudeuieun tea.

Salian ti ngaradon balakecarakan murak Pais lauk Emas di Warung Wa Odeh, teu saeutik anu, marekel ka imahna sewang-sewangan.

Geus puguh urang luar mah rek muru ka Wa Odeh oge, pan ieu mah, pituin urang ge sigana ari saminggu atawa sabulan sakali mah sok ngaharajakeun ngaladon dahar di Warung Wa Odeh.

Ka teu nyimpang ka Warung Wa Odeh mah majarkeun teh cenah lir ibara “Ka Mekkah teu ka Madinah“.  Beulah kalereun Wa Odeh, kira-kira kahalangan tilu Jongko, aya Tukang Sate jeung Sop Kambing anu kaitung kampiun, nyaeta Warung Sate Mang Ocen, kaalandep pun Uwa, rakana pun biang, Sate plus Sop Kambing Mang Ocen teh , da teu sirikna unggal siang mun nuju di Toko, sok miwarang meser Sate plus Sop Kambing ti Mang Ocen.

Mun di jalan Ir.H.Juanda (Salakopi) aya warung nasi langganan pun bapa, nyaeta Warnas Mang Haji Ehob, anu pasakan dagingna utamana Goreng Empalna kacida kajojona.

Ti Salakopi,  ti Warung Mang Haji Ehob laju ka Cikidang (Jalan Moh.Ali) di dinya aya Lotek anu kajojo pisan jaman Abah ngora mah, nyaeta Lotek Bandung.

Unggulna ti Lotek anu sejen, Lotek Bandung mah, make keureutan Tahu goreng, Kentang Goreng Jeung Kulub Endog hayam, dipurulukan ku Kurupuk jeung Goreng Emping. Sanajan waktu harita kaasup mahal dina ukuran harega, tapi da kaciri payu pisan.

Peuntaseun toko Shang Hai aya R.M. Kalimantan,Abah mahpaling resep teh Yamien Asin atawa Nasi Tim Ayam, da eta we basa keur tugas di Ciamis, unggal balik ka geus pasti nyimpang heula ka RM Kalimantan ngadon nga-Yamien.

Ayeuna mah kari waasna RM Kalimantan teh, taya nu neruskeun turunanana teh ning. Palebah Bojongmeron (ayeuna mah tukangeun apotek Mutiara Warujajar) aya Gado-gado Ma Uju anu kawentar pedhona.

Salian ti gado-gado, Ma Uju oge nyadiakeun , Geco, Petis Cuka jeung Kolek Cau. Di Bojongmeron beulah kiduleun Ma Uju oge aya Geco anu kajojo nyaeta Geco Ceuk Djua.

Di Rancabali, di gang Rambutan, aya Mang Naswari anu katelah Soto jeung Bubur Mang Wari. Kacipta pisan unggal balik lalajo pilem ti Pusaka atawa ti Plaza balikna sok nyimpang heula ngadon ngabubur atawa Nyoto di Mang Wari.

Beh kiduleun Mang Wari, palebah gang Duren, aya warung Es krim Mang Utay anu jaman harita mah Es krim pang ‘doeng' na salianti es krim Asia .

Ngan kahalangan ku hiji kios, kiduleun Mang Utay aya Rumah Makan Lebak Wangi anu kajojo pisan Mie goreng jeung Nasi gorengna.

Sual kadaangan nu make Kejo harita aya Soto Mang Ujang anu sok mangkal jaman harita mah hareupeun Rumah Makan Kalimantan, peuntaseun toko Shang Hay.

Rumah Kalimantan oge, jaman harita minangka pangdipikaresepna utamana ku kalangan barudak ngora pangpangna anu resep Baso, Yamien, Tim Ayam atawa Mie goreng jeung Nasi goreng.

Mun deukeut Pasar Induk jaman harita aya Warung Nasi anu favorit nyaeta Warung Nasi “Si Regud“, di palebah pengkolan Warujajar beulah wetan, diemper Warung si Enci, sok mangkal Mang Sa'ir, anu sohor pasakan Soto jeung Goreng Hayam Kampungna.

Lamun urusan Baso, jaman harita karek aya dua ngaran anu kajojo, nyaeta Mie Baso Mas Sastro jeung Mie Konclong Mang Ombi.

Jaman harita ge aya Martabak anu pangkajojona nyaeta Martabak Mang Usman di gedengeun Eskrim Mang Utay di Jalan HOS Cokroaminoto.

Urusan persiropan mah, ukur mang Bace di Warujajar tatanggaan jeung Wuduk Mang Lili, anu harita mah masih dicepeng ku Bah Udin ramana Haji Lili anu tempatna hareupeun Asrama Polisi Warujajar jaman harita mah.

Hanjakal pisan, kabehanana ayeuna ngan saukur kari dongengna, ukur Lotek Bandung cenah nu aya keneh teh, kitu oge tempatna lain di jero kota , tapi kuloneun kota geus deukeut ka Cugenang ,  Sirop Mang Bace jeung Wuduk Mang Lili, eta mah sarua, duanana oge masih keneh di jalan Warujajar.

Sakitu heula we nya.  Wassalam. 

Leave A Reply

Your email address will not be published.