Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Dawuan Jaman Abah Keur Budak

0

Pikeun ‘barudak' anu saentragan Abah , anu ngarana Dawuan, pastina ge geus moal bireuk deui. Dawuan teh hiji tempat pangulinan anu “ Mur-Mer “ alias teu kudu ngaluarkeun waragad anu gede.

Sabenerna  Dawuan teh, hiji irigasi di wewengkon Warung Batu, baheula mah caina ngagulidag bari beresih can loba ‘polusi‘. “Seueur pisan anu ngahaja arameng ka Dawuan ayeuna mah, da saurna tos dibebenah ku masyarakat sabudeureun Dawuan, tos janten tempat tujuan lokal“ ceuk alo Abah kamari basa nganjang ka imah.

Ngan duka kudu mayar atawa henteuna mah teu kungsi papanjangan ditanyakeun, ngan dina enyana oge kudu mayar, nya munasabah pisan da meureun matak ditata dialus-alus oge ku masyarakat sabudeuerun Dawuan meureun aya maksudna. Ngadenge dongeng alo anu cenah kungsi ngahaja arulin jeung balad-baladna, Abah langsung kagagas deui ka mangsa baheula, mangsa masih keneh sakola di SD jeung SMP.

Baheula mah, meh unggal poe Ahad, Abah jeung dulur-dulur atawa babaturan sok ngahaja arulin , kaluar ti lembur . Anu pangmindengna didatangan diantarana nyaeta Dawuan da pedah deukeut tea.

Loba sabenerna mah tempat pangulinan harita teh, diantarana wae, salian ti Dawuan, nyaeta Pasir Mananggel, Maleber, Sentral di Cugenang, jeung tempat ngojay di Hotel Maras Pacet-Cipanas.

Anu kawilang rada kaluar waragad gede mah nyaeta lamun acara ngojay di Hotel Maras, lantaran salian ti kudu mayar, oge waragad keur mayar mobil jeung jajan. Di kota harita can aya Kolam renang, jadi mun hayang ngarojay, mun teu di Susukan atawa di Kulah Si Laut anu caina teu ngagenyas siga di kolam renang.

Lamun hayang gaya, anu caina herang ngagenyas, nyaeta kudu di Hotel anu aya di Pacet atawa di Puncak, ngan anu pang murahna nyaeta di Hotel Maras tea. Karesep  barudak harita, minangka ulin anu rada do-eng nyaeta ngadon ngaliwet.

Tempat anu pang-ajib-na keur ngadon Liliwetan taya lian iwal ti di Pasir Mananggel di Saungna Aki Adis jeung di Dawuan ! Mun ngadon ngaliwet di Pasir Mananggel  , nya di saungna Aki Adis tea, mun moal ngendong, kudu rebun-rebun miangna ti lembur, lantaran mun teu kitu, asa purat-perot pisan, da walurat di jalan lamun kapoekan balikna, komo mun seug turun hujan mah.

“Anu ni'mat di Saung Aki Adis mah, mun ngendong“ ceuk Uwana barudak anu ti leuleutik jadi batur ulin kamamana. Kacipta keneh ku Abah , ngadon ngaliwet di Saung Aki Adis, salian mawa liweten sapuratina, oge sok ngahaja meuli Bako Mole keur oleh-oleh ka Aki Adis.

Kacipta mun waktu peuting di Pasir Mananggel, sora sasatoan jeung galindengna sora anu halimpu Ibu Upit Sarimanah tina Piringan Hitam Portable anu dibawa ku mamang.

Hawa tiris cukup diharudum ku Sarung Poleng, bari saliduru dipipir Hawu ! “Ari sarare patumpuk-tumpuk nya bari ukur diamparan samak saheulay !“ ceuk Uwana barudak bari semu jauh panineungan.

Ari ka Dawuan mah salian ti ngaliwet, acarana nyaeta ngojay sawaregna, tampolana mah nepika gareunteul kulit ge, bakat ku katirisan.

Di Dawuan harita caina masih keneh beresih, tampolana mah ngisikan jeung cai keur ngaliwet ge langsung we tina cai susukan ! Mun deuk nyieun sambel, cukup na luhureun batu anu rada legok, Mutuna neangan batu anu kira-kira pantes dijieun mutu , teu kudu mekel ti lembur sagala.

Keur nginumna teu kudu mawa cai dina kemasan siga ayeuna, cukup nengkor daun cau, keur nyiuk cai nyusu anu aya luhureun Irigasi, malah mun wegah naek (da ngaliwetna dina sisi walungan) tinggal nyiuk cai susukan we da beresih tea ! Nepika umur welasan taun, mun teu salah mah kelas tilu SMP ge, masih keneh mindeng ulin ngadon ngaliwet bari ngadon ngojay di Dawuan teh.

Sok aya jorojoy dina hate Abah eta oge, hayang ningali, siga kumaha Dawuan ayeuna ?. Sakitu heula we nya. Wallohu'alam bisshowab. Wassalam. (***)

Leave A Reply

Your email address will not be published.