Carita Warung Wuduk Mang Haji Lili
Di Waruajajar, aya tempat mumuluk anu pada ngajojo, pangpangna mun poe Saptu atawa poe Ahad, eta mah ti subuh keneh ge geus ngaliud nu ngadon mumuluk.
Lamun Jumaah tong nyoba-nyoba hayang ngawuduk di Warung Mang Haji Lili, poe eta mah, poe pere keur Mang Haji Lili da sok dipake olah raga cenah mah.
“Sok ngahaja we ngadon leuleumpangan, ngejetkeun suku, nguriling di kota atawa nguriling ti Warung Mang Nana Panembong terus ka De Jhon parat nepika Baros“ ceuk Mang Haji Lili ngadongeng.
Ari ceuk Abah mah Warung Wuduk Mang Haji Lili teh, minangka tempat pang-ajib surajib-na pikeun tempat nyaneut isuk-isuk . Lain nanaon, salian ti bisa mumuluk Wuduk ( biasana dikuah ku angeun daging Sapi atawa angeun Tahu atawa Endog Hayam ), jeung cai Entehna nu can aya bandingna di Cianjur mah, oge bisa guk-gok papanggih jeung babaturan.
Malah ku mindengna nyaneut di mang haji Lili, kawawuhan ge jadi ngembohan ayeuna mah. Loba ‘informasi’ nu bisa jadi bahan referensi atawa jadi bahan keur tulisan deuih ari ‘ nangkring’ di warung mang haji Lili teh.
Matak mun taya halangan nu penting-penting teuing mah, sigana unggal isuk ge Abah maksakeun we ngajugjug warung mang haji Lili, bari ngalempengkeun tuur, ngahaja leumpang ti imah di gang Tengkorak ka Warujajar.
“Nu paling punjul ti warung mang Lili mah, lain ukur Wudukna, tapi cai Entehna !“ saur pa Abuy, pangsiunan guru nu geus puluhan taun jadi langganan warung mang haji Lili.
Aneh cenah, saur pa Abuy deui, sakitu ngahaja meuli Entehna sarua merekna, caina ngahaja cai Sumur, angger we cenah teu daekeun sarua jeung nu unggal isuk disuguhkeun di warung mang Lili.
“Nyaeta sanes ngalelewe pa, abdi ge sami kitu, ngahaja pun bojo sina meser enteh nu merekna sami jeung nu sok diangge ku mang haji Lili, ngahaja subuh-subuh keneh ge sina naheur cai, kacipta bubar ti masjid, cai enteh panas sareng pisang goreng , tapi nyakitu tea, teu siga nu di mang haji Lili rasa cai entehna teh“ cekeng mairan pa Abuy.
Mang Haji Lili ukur nyenghel, bari ngasongkeun wuduk ka anu karek jol. “ Ke ari naheurna, ku tungku siga kieu atawa ku kompor biasa ? “ ceuk mang haji Lili deui, cenah tangtu pisan we beda rasana, da manehna mah naheur cai na ge ku tungku areng, jeung ti subuh keneh deuih bari terus ngelun tara dipareuman.
Komo deui cenah mun komporna make kompor minyak tanah mah. “enya atuh engke mah kudu ngahaja sugan meuli Tungku areng jeung ngahaja nyieun wadah cai siga nu mang Lili “ cuk Abah ngaheureuyan, mang haji Lili nyerengeh, nu araya mairan seuri leutik.
Sakadang patih goah mah diajakan unggal isuk tara ieuh pirajeunan milu, sok pesen we, sok kesel cenah, komo meun seug kabeneran karumpul balad-balad, pasti we tamah pibakaleun poho kana waktu, nu mairan cai ge sigana kuat ka boseneun da tara cukup dua gelas !
Tah mun geus kitu, sagala rupa dibudalkeun, timimiti dongeng mangsa keur budak, nepika carita rumah tangga, dongeng krisis ekonomi, malah sok nyerempet-nyerempet kana urusan pulitik jeung urusan tata pamarentahan sagala.
Pantes rek kitu oge, bubuhan ju daratang ka Warung Mang Haji Lili mah apan sagala rupa aya, mimiti tina Wartawan, LSM, Pengacara, Pengusaha, anggota DPRD, tokoh partai, musisi , malah ajengan oge aya !
“Baheula mah, asa tara nya mang Li, nepika poho waktu siga ayeuna, mun tos ngopi teh, bubar we “ cekeng ka mang Lili muka panineungan jaman keur ngora baheula, waktu mang haji Lili masih keneh make calana pondok, mantuan Bah Amad hareupeun Asrama Pulisi Warujajar beulah kulon.
Jadi langganan mang Haji Lili lain karek sapuluh taun, tapi ti awal taun 70-an, keur masih keneh sakola bari mantuan kolot di toko.
Harita nu dagangna bapana Mang Haji Lili, Bah Amad ngan sok si Abah we nyebut teh. Mangkalna hareupeun Asrama Pulisi Warujajar, gedengeun kios sirop Mang Bace. Dagangna ti subuh keneh.
Nu didagangkeunana harita mah Kueh Pancong, siga bandros Sukabumi ayeuna mah, ngan rada gede. Nu ngaradon ngopi disayagikeun bangku panjang, ayeuna ge masih dipake keneh, ngan pedah ditambahan ku bangku alus kumplit jeung mejana, dipernis deuih ayeuna mah.
Tungku areng jeung tempat naheur cai, angger siga nu tiheula pedah anyar meuli sigana mah, da anu urut si Abah mah geus duka kamana.
Cai ngagolak salilana, matak cai Enteh, Kopi atawa cai susu teh, bener-bener ditinyuh ku cai asak ngagolak. Nu pangheulana dariuk na bangku si Abah jaman harita pastina tukang sayur nu mariang ka pasar jeung tukang bilik.
Mun geus rada carangcang tihang, biasana sok diserbu ku rombongan nu garapleh, paresen kopi kentel da bagadang sapeupeuting tea meureun.
Harita mah can aya wuduk siga ayeuna, ukur aya kueh Pancong, Pisang goreng jeung goreng-gorengan sejenna. “Mimitina mah, aya urang kebon jambu nitip wuduk jeung gorengan, tara loba paling ge 30 bungkus, ngan unggal poe sareag-sareag, nya saur pun biang teh, urang ngahaja we cenah nyieun sorangan daripada meunang batur mah“ mang haji Lili medar lalakon.
Nya ti harita si Bah Amad teh lain ngan saukur dagang kueh pancong tapi oge dikumplitan ku wuduk jeung gorengan. Beuki dieu mah, cenah ceuk mang haji Lili, lain ngan ukur gorengan deungeun Wuduk teh, tapi, ditambahan ku Perkedel hui, Angeun daging, Angeun endog jeung Angeun tahu.
Kabeh dieunakeun mah, cenah, geus tara kasiwer deui ngadonan kueh pancong, nepika ahirna mah di lur keun we, da geuning nu daratang ge ampir kabeh naranyakeun wuduk.
“Ayeuna ge, citakan kueh pancongna mah masih aya di rorompok, masih keneh weweg“ ceuk mang haji Lili deui. Kungsi pindah cenah ka beulah kidul ngan teu lila. Da kaburu meunang jongko anu ayeuna.
Taun 2000 cenah mimiti pindah ka tempat nu ayeuna teh. Cacakan teu make meja jeung korsi, sakumaha ilaharna di restoran, cacakan ukur ku bangku panjang, mani betah ari geus ngobrol ngariung jeung balad-balad di warung mang Haji Lili, nyangreudkeun tali silaturahmi, medar aspirasi jeung silih simbeuh informasi, bari jeung rekreasi, ngawuduk, nyaneut cienteh, nyaneut susu atawa cikopi !
Lain urang Cianjur wungkul nu daratangna ge ayeuna mah, ti Bandung, Sukabumi malah ti Jakarta ge sok ngahaja cenah datang ngadon nyaneut di warung Mang Haji Lili. Wallohu’alam bisshowab. Wassalam (*)