Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Baheula Mah, Abah Wani Nginum Cai Atah

0
 

Hujan ti isuk meluk, malah ceuk indung barudak mah ti peuting keneh, teu eureun najan panon poe katingali ngebray ! Hujan poe tea ceuk urang Sunda mah.

Matak wegah lunta sabenerna mah, mun seug teu boga kawajiban mah asa ngeunah keneh ngaringkeb maneh di enggon bari dibulen ku simbut kandel !

Biasana mah unggal poe Ahad isuk-isuk, Abah teh sok hayang leuleumpangan bari neangan anu rada pantes.

Biasana mah, ka Warujajar ngadon ngawusuk di Mang Lili, atawa mun teu ka Warujajar, ngahaja jeung kulawarga sakalian jalan-jalan ngalempengkeun suku di  Lapang Joglo atawa ka CFD di Sinagar-Bojong.

Harita mah, boro-boro hayang liar, hujan isuk-isukna ge mani siga anu dibahekeun ! Keur ngararasakeun ni'mat kopi hideung anu kentel jeung Goreng Sukun , indung barudak ngaharewos “ Acara ngaliwet di Joglo tea kumaha , pan tos paheut dinten Ahad ayeuna ngerempel ke siang di bumi si Uwa ? “.

Ya Alloh, karek inget, mangkaning anu usulna Abah pisan, da geus lila teu ngasaan Goreng Jengkol jeung Sambel Lalakina (lalandihan uing kana Sambel anu ladana ajib surajib pisan), jaba cenah geus baralanja ti poe kamarina keur acara ngaliwetna ge. “

Nya mudah-mudahan we engke mah teu ngagebret teuing siga ayeuna hujanna“ cekeng bari langsung kacipta Liwet panas, Goreng Jengkol, Sambel Lalakina tea, Goreng Asin Selar anu garing, jeung Kurupuk Warung….!!!

Ahirna mah sapuk we,  engke sorena rek  langsung ka Joglo, indung barudak deuk nyampeurheula barudak lanceukna nu di Caringin.

Caritana mah, sorena sakumaha anu dijangjian, uing ka Joglo dijajapkeun ku minantu da mun kana Ojeg hujan masih keneh kerep. Satengah genep nepika imah dahuan teh, barang asup ge ka imah, geus kaangseu seungit goreng Asin.

Kasampak di tengah imah ki lanceuk keur guntreng jeung semah, horeng keur presentasi Cai keur nginum siga cai mineral kitu. Dina meja aya sababaraha gelas cai conto tina sababaraha produk cai kemasan.

Aya lima gelas, anu opat mah pikagilaeun kiruh jeung loba kokotor, ngan hiji anu herang. Tah cai anu eta anu keur di promosikeun teh.

Moal disebutkeun merek dagangna mah bisi pajarkeun iklan, ngan intina mah ceuk eta anu dagang, cai anu manehna anu pang beresihna mah.

Abah mah lain deuk nyaritakeun Cai pangberesihna anu keur didagangkeun ku semah ki lanceuk, ngan Abah jadi ras inget, memehna kungsi ditawaran Cai R.O, cenah alus pisan keur kasehatan, terus ki adi nawarkeun hiji cairan dina Peles leutik, siga Jajamu, ngan cenah mun diteteskeun kana Cai nginum, khasiatna keur kasehatan kacida alusana.

Terus deui dina hiji waktu, Abah kungsi ditawaran Botol Ajaib buatan Korea, khasiatna, Cai kemasan anu diasupkeun kana eta botol bakal robah jadi Cai Alkali anu alus posan keur kasehatan awak urang.

Teu pupuguh  jadi ingat keur masih keneh budak, anu jaman harita mindeng pisan nginum Cai atah.

Nginumna mun teu tina Buyung anu disiukna ku Gayung tina Batok kalapa, nya langsung tina Ember Timbaan dina Sumur.

Kacipta keneh harita keur ulin Ucing-ucingan di Warujajar, lumpat ka tukangeun Warung Babah Liong, karasa hanaang, langsung abus ka Dapur bumina Uyut Bahra (Mertuana Nini Titing Warung Nasi Warujajar), langsung nyiuk cai tina buyung ku Gayung Batok Kalapa, lekik-lekik, mani asa karasa keneh amisna cai atah tina Buyung Uyut Bahra .

Terus lamun keur liliwetan di Pasir Mananggel atawa di Dawuan, tara ieuh mawa Cai ti imah, cukup nengkor daun Cau keur nandean Cai Nyusu nu aya luhureun wahangan .

Tampolana mun keur ngaliwet di handap , dina basisir walungan, cukup nyiuk cai walungan we diinum atah-atah tara ieuh ditaheur heula.

Jaman harita, kira –kira taun 60 an, di Jalan Warujajar aya sababaraha tempat anu nyadiakeun Buyung dieusi ku Cai atah tina Sumur lengkep jeung Gayung keur panyiukna.

Cangkirna tina alumunium, ngahaja keur anu lalar liwat utamana anu ka pasar atawa balik ti Pasar, mun hanaang geus teu kudu bebeja deui kari nyiuk we tina Buyung.

Kumaha ari kiwari ? Cai anu ngagarenclang dina botol-botol plastik , anu dina iklanna mah mani pahade-hade, geuning diuji ku alatna mah, mani pikagilaeun kitu .

Kumaha atuh cai ti Perumdam Tirta Mukti, naha bisa langsung diinum ku urang ? Kumaha atuh Cai nyusu anu aya di Dawuan ?

Kumaha kadarna Cai Sumur anu ngagenclang herang anu biasa diinum teu ditaheur heula ? Wallohu'alam bisshowab,  Wassalam.

Leave A Reply

Your email address will not be published.