Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Nineung Mangsa Keur Budak

0

Ku : H.Dede Asy'arie

Harita Abah keur anteng mukaan Pesbuk, ari breh aya ngaran sobat keur budak,ku Abah statusna langsung dikomen, teu lila murudul balesan ti manehna.

Anu dicaritakeun taya lian iwal panineungan mangsa lawas, mangsa keur abring-abringan di SD Lembur Tengah puluhan taun kalarung, mangsa keur alencer keneh otakna, mangsa keur mindeng dipuji ku guru lantaran kaasup murid anu walanter jeung parunjul ti murid-murid sejenna.

Teu pupuguh, jol kabawa palid ka alam panineungan, mangsa baheula keur budak keneh. Mani asa natrat katingali, babaturan sakola keur tingalabring mapay-mapay galengan sawah anu kagaringan.

Ti imah ukur mekel Cai Gula asem dina botol leutik, minangka keur tamba haus jeung lapar jeung mekel kaleng urut susu kental atawa anu sejenna keur wadah Jangkrik.

Tara mawa bekel duit jaman harita mah , can pati usum . Paling ge mawa Uyah atawa Gula beureum, ke dimana panggih jeung tangkal Manggah, sok neangan anu masih keneh ngora, tuluy dicaletrokan bari dicocolkeun kana Uyah bawa ti imah tea.

Tangkal Manggahna mah duka anu saha, da ilahar harita mah mun manggih tangkal Manggah di tengah sawah ari ngala hiji atawa dua mah , ku anu bogana ge tara digareuwahkeun.

Ari anu jadi tujuan arulin mapay-mapay galengan sawah, taya lian iwal ti deuk ngala Jangkrik. pisan mun ngadu Jangkrik teh, komo mun Jangkrikna Jangkrik Kalung anu hideung di polet warna koneng dina pundukna tea.

Jaman harita mah bororaah inget kana haram-halal, padu ngeunah we nu aya. Mun seug kaparengan hanaang heg manggih kebon Bonteng, cukup ngagorowok we, “ Maaaang ngaraosan Bontengnya tambi hana-aaaaang…..! “ bari terus neangan Bonteng ngora, tara loba paling ge dua atawa tilu, bari jeung tara dikumbah ieuh cukup dielap ku baju we ! Mun lain kebon Bonteng Kebon Tomat atawa Sampeu.

Ti keur budak keneh pangaresep kana ngadahar tomat seger lain anu beureum tandana geus asak pisan, tapi anu karek mangkak, anu aya hejoan keneh ! Ngala Jangkrik geus jadi kaulinan matuh mun keur usum Ngadu Jangkrik. Biasana sok ka Beulah wetaneun Warung Jambe, di pelebah Ebeg biasana anu sok loba Jangkrik teh.

Pang atohna mun manggihan urut pelak kebon tomat, da didinya biasana sok loba Jangkrikan mah.Duuuh waas, kacipta keneh kumaha bungahna mun geus nyungkal taneuh garing heg katingali loba Jangkrik laluncatan, komo deui mun seug Jangkrikna teh Jangkrik Kalung, weuuuuh, mani tarik pisan ngajorowokna ge…!!! “ Jangkrik Kaluuung euy….!!! Cakina deuih… !!! “ tara karasa tateh nyaho-nyaho geus waktuna solat Lohor  ! Minangka keur parab Jangkrik, sok ngala Gelang atawa Tolod.

Mun panggih jeung susukan badag , langsung cucul-culul, tingarajleng ka cai, ngubek atawa kokojayan, bari teu dicangcut-cangcut acan alias sitaranjang !!! Pangmindengna mah, mun balik ngala Jangrik teh, sok ngahaja ka Empang Si Laut di Lembur tengah anu ayeuna mah geus jadi Sakola BPK Penabur.

Kalakuan kitu soteh mun seug dina poe pere sakola, da ari poe sakola mah, balik sakola negri teh, beurangna kudu ka Al-I'anah sakola agama nepika sore !

Ya Allaaaah, mani asa kamari sakabeh kalakuan tadi teh, teu karasa waktu nyerelek, horeng geuning geus reuay incu ayeuna mah….!!! Ngan asa can manggihan kalakuan siga kitu kaalaman ku anak jeung incu, da geuning ayeuna mah, mani araranteng kana hape android…!

Heup heula we ah , asa sararedih, mun kongang mah asa hayang jadi budak deui, ambeh bisa ulin bari ngala Jangkrik jeung ngubek atawa kokojayan deui di Empang atawa di Wahangan !

Wallohu'alam bisshowab. Wassalam.

Leave A Reply

Your email address will not be published.