Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Mimiti Abah Resep Nguseup

0

– Keur sakola SD di Lembur Tengah IV Cianjur taun 60-an, abdi sareng babaturan sering ngahaja nguseup di susukan leutik hareupeun sakola. Jeujeurna leutik sareng useupna ogé leutik, anu digunakeun pikeun nguseup téh cacing leutik. Lauk anu sering diuseupan waktu harita nyaéta lauk beunteur. Kagiatan nguseup waktu éta mangrupikeun karesep kanggo ngabereskeun kesel, sanes tina katerap panyakit nguseup dina harti ngabogaan pakakas nguseup sapuratina sapertos jeujeur, reel, kukumbul, sareng sajabana.

Mimitina katerap panyakit abah nguseup téh, nalika abdi keur cicing di Cibalong, Tasikmalaya, kusabab waktu éta abdi ditugaskeun di wilayah Ciamis. Upami teu lepat, éta kajadian dina poé Ahad bulan Juli, ngan tahunnya abdi tos hilap, anu pasti éta taun 90-an. Di imah, abdi teu gaduh damel, janten abdi ngobrol sareng batur. Ku si Ambu, abdi dirurung pikeun nguseup di walungan Ciwulan, anu letakna caket pisan, ngan ukur saratus lengkah ti imah.

Sisi Ciwulan waktu harita rame pisan ku jalma-jalma anu keur nguseup sareng liliwetan sagala. Abah teu mawa pakakas nguseup kusabab memang teu gaduh, abdi ukur nyampeurkeun kusabab hayang ningali sareng ngapalkeun nguseup. Bekel anu dibawa waktu harita ukur cai kopi anu diseduh dina termos leutik sareng udud kretek dua bungkus. Waktu harita, ku salah sahiji dahuan, abdi dipasihan pangajaran nguseup maké jeujeur, nguseup lauk baung cenah, kusabab eupanna ogé maké beunteur. Samentara anu séjén mah keur nguseupan lauk leutik-leutik anu eupanna maké endog sireum.

Baca Juga:

 Dongeng Abah: Kuliner Warujajar Bihari

“Wah, sok dibageakeun geura anu nembean nguseup mah, sina katagihan,” ceuk Haji Agus, tatangga anu peuntaseun imah, bari ngalaan lauk leutik tina useupna. Bener pisan anu dicaritakeun ku Haji Agus tea, useup abdi aya anu nyorang lauk gedé sigana mah, da rada lila narikna ogé. Bari dibantuan ku dahuan, tungtungna lauk baung ukuran tilu ramo kaangkat ogé. Ti saprak harita, mimiti aya jorojoy, abdi jadi hayang ngahaja nguseup.

Unggal balik ti pagawean, tara langsung mulang, abdi sok ngahaja nyimpang heula ka toko pakakas nguseup anu aya di hareupeun Terminal Ciamis. Upami aya jeujeur anu rada alus, atawa aya eupan anu ceuk nu boga toko rada “kampiun,” pasti abdi beuli. Barudak tatangga sering ngomong, upami meser eupan anu “alusan,” pasti ngabogaan karesep neangan, malah abdi kungsi pesen eupan ti Bayongbong sagala, kusabab ceuk barudak eta eupan alus pikeun ngala lubang.

Sadaya pakakas nguseup tea, abdi titipkeun di imah Si Pedro, tatangga sabeulah, kusabab sieun katohyan ku mertua anu pisan-pisan teu ka minantu anu karesep nguseup. Ti saprak abdi diajar nguseup bari disanggut ku lauk baung ukuran tilu ramo tea, meh unggal poé balik ti pagawean téh, abdi sok leuwih cepet tibatan biasana, asal parantos meunang bahan berita, langsung abdi ketik, buru-buru ka Wartel pikeun ngirim berita liwat facsimile. Upami biasana abdi balik ti pagawean paling gancang liwat maghrib, ayeuna mah, Lohor gé abdi tos di beus atanapi Colt anu ka Tasik, supaya tiasa sholat Ashar di sisi walungan Ciwulan.

Baca Juga: 

Dongeng Haji Zenal “Wawales Ka Jalma Sholeh”

Meh unggal balik ti pagawean, abdi sok meuli jeujeur sareng eupan, nepi ka teu karasa dina hiji waktu tatangga anu sok dipihapean pakakas nguseup nyarita, “Pa Haji, tos aya 32 jeujeur anu dititipkeun ka abdi, tos pinuh di kamar payun teh!” cenah bari nyebutkeun sok diarinjeum ku barudak, mun isuk-isuk barudak hayang nguseup. Enya pisan, barang ditingali ka imahna, di kamar hareup mani sakuriling bungking pinuh ku jeujeur sareng pakakas nguseup anu séjénna.

Waktu harita kénéh, abdi langsung nginget ki lanceuk, H. Zainal Abidin (alm.), anu karesepna nguseup di basisir Tanjung Kait, Karawang. Waktu mindeng ulin ka imahna di Balakang-Cipanas, katingali mani ngabaris jeujeur sapuratina dina bilik di dapur. Abdi kungsi ngaheureuyan ki lanceuk, urang pites-piteskeun we tah jeujeur teh, sabab unggal ngahaja nganjang ka imahna, tara aya, malah lamun aya ogé, geus tatahar deuk miang ka Tanjung Kait!

Kacipta kénéh ki lanceuk bari mesem, waktu rék miang sareng balad-balad ti Pasar Cipanas, nyarios, “Ke Deoooon, bakal karasa, mun geus katerap panyakit nguseup siga Kang Haji. Yu ah, doakeun Kang Haji!” Enyaan, karasa pisan, upami tos katerap ku panyakit abah jadi nguseup, ayeuna mah, loba pisan jeujeur abdi tibatan jeujeur Kang Haji Zainal Abidin anu diheureuyan. Harita abdi ukur tiasa ngagerentes dina jero haté, “Hampura, Kang Haji, baheula popoyok! Kieu geuning karasana kakeunaan ‘panyakit nguseup’ teh! Wallohu’alam bisshowab, wassalam.”

Ku: H.Dede Asy’arie

Leave A Reply

Your email address will not be published.