Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Dongeng Abah: Kuliner Warujajar Bihari

1

– Poe kamarina, Abah téh rék barangbeuli di Warujajar. Dianteur ku budak kana motor, harita téh mabal ngaliwatan pasar Bojongmeron. Pas pisan hareupeun warung Ma Uju baheula, mandeg rada lila da kapegung ku macet, aya mobil anu maksa asup, sakitu apal loba motor ogé. Jol breh kacipta ku Abah, warung Ma Uju jaman harita, wangunan basajan nu dijieun tina kayu jeung bilik. Hareupeun warung aya tangkal Jambu aer luhureun kulah jeung pancuran leutik.

Handapeun tangkal Jambu, aya kandang anu dieusi monyét gede. Anu didagangkeun ku Ma Uju taya lian iwal ti gado-gado, geco, petis cuka, jeung kolek cau. Mani kacipta, gado-gado Ma Uju anu eusina engkol jeung bonteng anu disiksik ipis, goreng kentang jeung goreng tahu dikeureutan terus dibanjur ku bumbu kacang dipurulukan goreng bawang jeung goreng emping. Abah mah mani sok ni'mat mun seug ngawadang, deungeun kejona ku gado-gado Ma Uju.

Baca Juga: 

Camping Seru Bareng Bestie di Wisata Alam Pangsalatan Cianjur

Hanjakal pisan, anu kaasup ‘Kojo' ieu, teu aya generasi penerusna saatosna Ma Uju teu aya téh. Di Warujajar harita, anu kaasup ‘Kojo' téh nyaeta sirop Mang Bace anu jongkona di hareupeun Asrama Pulisi Warujajar, éta mah aya nu nuluykeun, malah di Warujajar gé aya dua ayeuna mah, hiji di peuntaseun apotek , hiji deui peuntaseun baso Mas Senggol.

Waktu harita, peuntaseun Mang Bace, gedengeun gereja, aya lotek anu ‘kampiun' nyaeta lotek buatan istrina Bah Obang. Di Warujajar oge aya goreng hayam kampung anu ‘kampiun' nyaeta goreng hayam kampung buatan Mang Harun, hanjakal éta oge taya nu neruskeun.

Di Warujajar pang wetanna aya Mang Sa'ir. Anu kajojo didinya mah, salian ti sate téh nyaeta soto jeung goreng hayam kampung. Hanjakal pisan Mang Sa'ir gé, usaha kulinerna taya anu neruskeun. Sakitu heula nya.

Wallohu'alam bisshowab wassalam. (***)

Ku: H. Dede Asy'arie

1 Comment
  1. […] Dongeng Abah: Kuliner Warujajar Bihari […]

Leave A Reply

Your email address will not be published.