Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Dongeng Haji Syaefulloh

0

Ku : H.Dede Asy'arie

Dina raraga ngabageakeun para  Tamu Allah, khususna para jamaah asal kabupaten anu nembe sarumping ti Tanah Suci, ayeuna Abah rek ngaguar pangalaman babaturan Abah waktu sakola agama di ustadz Usup di Bojongmeron.

Aceng ngaran keur budak mah, ngan balik ti Mekkah kira-kira taun 87  ngaranna diganti jadi Haji Syaefulloh. Manehna kungsi ngadongengkeun pangalamanana waktu anyar pisan ka Mekkah. Harita waktu di Mekkah kungsi csnah  ngalaman kajadian nu aheng.

Caritana , geus sababaraha kali towaf, Aceng teh tara kabagean wae ngecup Hajar Aswad, lantaran mani parebut wae cenah unggal rek nyoba ge. “ Da saur kang ajengan ti tonggoh ge, eta mah ukur sunat, jadi lamun maksakeun bari pimadoroteun mah mending ku ihtilam we, da sarua keneh ieuh , kitu dalihna teh.

Bari ngaku eta oge,  hayang pisan  ngajaran ngecup Hajar Aswad teh, buktina,  terus tetelepek nanyakeun kanu geus pangalaman kumaha tarekahna sangkan bisa ngecup Hajar Aswad dina kaayaan jalma nu sakitu pabaliutna jeung paboro-borona kana tempat ngecup Hajar Aswad . Caritana mah meunang luang we cenah.

“Kudu malipir ti mimiti Hijir Ismail,InSyaa Alloh moal kasele ku batur “ kitu minangka luangna teh. Dina hiji poe, sabada sholat Subuh, babaturan Abah tea langsung towaf.

“Harita kuring maksakeun, malipir timimiti Hijir Ismail, mani sauted-sauted lajuna ge awahing ku pagelek-gelekna jalma “ ceuk Haji Syaefulloh. Harita, tukangeun kuring aya jamaah urang Afrika, lalaki geus karolot pisan.

Duka sabaraha waktu lilana , malipir Ka'bah, teu karasa cenah geus ampir tepi kanu dituju. Barang geus tinggal saurang deui, kareret jamaah urang Afrika tea, semu nu geus lalungse. “ Jadi ras inget ka si bapa, da meh siga kitu warugana ge, asa teu tega kuring teh ! “ cenah.

Harita dina waktuna kabagean keur Aceng alias Haji Ayaefulloh tea,, lalaki nu tiluan ti Afrika tea, ku haji Syaefulloh diheulakeun. Jadi meureun ka' runghal' ku tiluan. “Tapi da ridlo pisan kuring teh, asa teu wasa miheulaan kolot sanajan urang Afrika ge, bari jeung teu wawuh teu sing deuih, da mani kagambar pisan raray si bapa “ cenah semu dareuda nyaritana ge.

Tayohna sagala paripolah babaturan Abah  tea, ditalingakeun ku asykar-asykar nu ngajagaan Hajar Aswad, buktina waktu bagean manehna, mani langsung ‘ di daulat ‘ ku dua asykar tadi bari langsung dijagaan.

“Mani siga ngajagaan Raja Arab Saudi we tah asykar nu duaan teh.” Ceuk Haji Syaefulloh semua agul . Harita babaturan Abah tea,  mani sawaregna we cenah ngecup Hajar Aswad na ge, teu sakolepat-sakolepat siga nu sejenna.

Waktu ngariung di deukeut sumur Zam-zam pangalaman tadi didongengkeun ka batur-batur sapamondokanana, langsung we cenah sungsong nu ngabageakeun. “ Kudu hajat syukuran yeuh engke di gedong “ ceuk batur-baturna .

“ Siap lah, ke di gedong urang nyieun gule , urang syukuran “ ceuk Aceng alias Haji Syaefulloh. Baralik we cenah ka pamondokan. “ Tadina mah rek langsung ka pasar rek meuli daging keur nyieun gule, ngan barang ditingali, duit nu kabawa ukur aya 20 real, nya langsung we baralik ka gedong “ ceuk haji Syaefulloh.

Tadina mah cenah, rek nyokot duit wungkul ka pamondokan teh, da bisi kaasup nadar, ngan barang manehna keur mukaan koper, aya nu keketrok kana panto. “ Barang dibuka horeng adi pamajikanana  nu geus lila mukim di Mekkah, datangna duaan jeung baturna mani rebo babawaanana ge, kaasup pingping Onta  sagebleg ! “ ceuk haji Syaefulloh.

Atuh meuli daging dombana ge teu jadi da geus aya pingping Onta. “ Ngagule Onta we jadi mah nya “ ceuk Abah bari seuri. “ Nya heu-euh atuh ! Gule Onta made in haji Syaefulloh tea ! “ cenah mani ngagakgak. Kitu tah para saderek, mudah-mudahan teu bosen ku dongeng ti Tanah Suci nya ?

Cag heula ah ! Wallohu'alam bisshowab.Wassalam ! (*)

Leave A Reply

Your email address will not be published.