Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Abah Mah Papajar Istimewa

1

– Ngaji surah Yaa Siin tilu balenan sewang, dina raraga Maleman Nisfu Sya'ban di imah we duaan jeung si Ambu, da teu bisa milu ngariung du masjid. Mun geus ngariung ngaraji Yasin tilu balikan sewang dina maleman Nisfu Sya'ban tea, hartina waktu geus tomper kana datangna bulan Romadhon! Tah geus ilahar, di Kabupaten khususna, mun geus deukeut kana bulan Puasa (Romadhon), pasti rame ku anu Papajar.

Papajar teh, ngadon dahar bareng, anu biasana mah ka luar ti imah, neangan tempat pangulinan saperti ka Palabuan Ratu, ka Cibodas jeung sajabana. Anu disebut ‘Papajar' tea, duka timana jeung duka iraha asal muasalna, Duka adat budaya mana nu mimiti mangaruhan urang nepika aya istilah ‘Papajar‘. Kade ulah salah, lain Pa Fajar urang Cisayong – Tasikmalaya nu sok ngiriditkeun tea, geus pindah ka Batawi Pa Fajar nu eta mah. Ieu mah ‘Papajar‘ istilah urang mun ngadon balotram dina nyanghareupan bulan suci Romadon.

Baca Juga: 

Sumbatan Sampah Bikin Jembatan Ambrol di Pagelaran

Mun teu salah inget, keur budak mah, asa tara aya istilah ‘Papajar‘, ka beh dieunakeun we ramena teh. Ieu mah bisi aya nu can apal, mun geus deukeut kana waktuna bulan Puasa, pangpangna mun geus liwat maleman Nisfu Sya'ban, mani siga nu wajib ngayakeun acara ‘Papajar‘ teh, komo mun kari dua atawa tilu poe deui kapoean munggah, weu……..! Siga siraru we, pabuisna manusa . Nu tikaler ka kidulkeun! Nu ti kidul ka kalerkeun, urang kulon ngabrul ka Beulah wetan sabalikna urang wetan ngabrulka kulonkeun!

Aya nu kana motor, aya nu kana mobil sabogana-sabogana, malah nu teu bogaeun mobil ge, ngahaja ngarental heula, kuat parebut cenah mun usum ‘papajar‘ mah. Nu teu kabagean mobil nu aya saungan, marake mobil bak atawa treuk, persis siga waktu keur ngabring kampanye parpol. Kade ulah salah, nu kalakuan kitu teh, lain urang lembur wungkul, tapi walatra kabeh nepika urang tengah kota oge sarua.

“Tipayun, si Uwa tos bewara ka sadaya kulawarga besar, engke mun tos caket Romadhon urang ngariung di Caringin, urang ngaliwet, sakalian papajar cenah“ ceuk si Ambu sarengse ngariung ngaji Yasin tilu balikan, peuting kamarina. Kacipta keneh sababaraha waktu katukang waktu usum sasalad keur meuweuh virus Corona 19 tea, beberes di Masjid Jami, sarengsena Muludan, harita baradami, mun tos Nisfu Sya'ban, isukna deuk ngayakeun acara ngaliwet raramean bari Papajar.

Baca Juga:

 5 Cara Menemukan Circle Pertemanan Yang Gak Toxic

“Urang papajar salelembur ayeuna mah, ulah nafsi-nafsi ambeh aya karasana“ ceuk Ustadz Ali harita bari nambul Goreng Emping. “Uing mah asal Sambelna sing lada bari ledok, Peuteuyna we dibeuleum saheab, keunae Asin Japuhna mah bagean uing!“ ceuk si Uwa milu nimbrung. Mani siga anu enya da harita mah, siga bakal kalaksanakaeun rek ngaliwet akbar, dina raraga Papajar salelembur, ari heg geuning kabuktianana mah nya kitu tea we “ti saprak meuweuhna Virus Corona 19, jadi arang ruang-riung da loba kasieun tea.

Acara Papajar istimewa salelembur oge ahirna ukur jadi wacana anu taya bukurna. “Urang Papajar duaan we lah diimah urang Papajar istimewa“ ceuk Abah harita ngaharewos ka si Ambu. Si Ambu ngadilak bari nyiwit “Iiiiiiii daaaa“ cenah bari ngajengkat, tapi da kaciri “keomna“ najan saliwat oge! Wallohu'alam bisshowab. Wassalam.

1 Comment
  1. […]  Abah Mah Papajar Istimewa […]

Leave A Reply

Your email address will not be published.