Ku : H.Dede Asy’arie
Nepika poe ieu, Abah can manggih bongbolongan, duka kunaon jeung duka ti iraha mimitina, aya anggapan mun malem Jumaah teh dianggap malem anu pikasieuneun.
Da sakanyaho Abah mah ti keur leutik oge, ceuk kolot, malem Jumaah teh, hiji malem anu istimewa, matak ceuk kolot-kolot Abah ge, kudu loba dipake ibadah.
Diantara ngariung maca Surah Yasin atawa diteruskeun kana Manakiban. Tah duka timana asal muasalna, Malem Jumaah teh jadi maleman anu cenah loba Setan marakayangan, loba Jurig jeung Ririwa anu laliar dina peuting eta.
Keur budak mah, Abah oge tara wani kaluar imah mun maleman Jumaah teh da jadi kabawa sieun da jadi milu percaya yen malem Jumaah mah waktu laliarna Jurig jeung sabangsana.
Kapercayaan saperti kitu, sigana bae,can leungit tepika ayeuna, malah siga nu dihaja negeskeun yen malem Jumaah mah, malem husus keur anu resep per-Jurig-an, resep anu horror, da buktina bae geuning dina tipi ge siga ngahaja malem Jumaah teh dipake muter pilem-pilem “ Horror “ saperti pilem Pengabdi Setan, Dracula, jeung sajabana.
Abah ge, tiheula mah karesep teh kana pilem atawa carita-carita pikasieuneun atawa horror tea. Anu ngarana pilem Dracula mah, sigana kabeh geus dilalajoan ku Abah.
Salian ti pilem, novel-novel hasil karya Abdullah Harahap sigana geus kabaca kabeh. Lamun dina majalah Sunda karesep nyaeta Majalah Mangle, eta carita “ Puriding Puringkak “ pasti pangheulana dibaca.
Kadieunakeun we geus reuay incu, geus teu pati resep deui kana lalajo pilem horror teh. Geus teu percaya deuih ayeuna mah kana ayana Jurig, Genderewo atawa Ririwa teh, katambah deui asa euweuh alusna lalajo nu kitu patut teh ayeuna mah.
Duka kumaha mimitina, Abah teh ayeuna mah, asa teu percaya we kana ayana Jurig teh.Lamun aya nu ngadongeng panggih jeung Jurig oge, ayeuna mah, ku Abah sok langsung ditempas “Eta mah kalakuan Jin anu iseng we”.
Ngan Abah teh boga pangalaman anu kacifa matak hemeng, nepika ayeuna ge .Duka geus sawatara taun kaliwat da harita , barudak ge masih keneh karuliah di Bandung.
Harita teh, Abah keur ngarobrol di imah uwana barudak kersana Kang haji Imang di Perkoneng kira-kira jam dalapanan peuting. Duka sabaraha lilana ngobrol kaditu-kadieu di rohangan kulawarga, ngan waktu rek balik, Abah kudu ngaliwatan Dapur, da harita mah dapurna aya diluar.
Hareupeun panto dapur pisan, ku Abah kareret, di jero dapur anu caang keneh, katingali pisan, si Aa Raya, anak dahuan anu di Tasik anu harita masih keneh kuliah d Unisba, keur hahariringan bari nanggeuy kopi anu katingali ngebul keneh.
Ceuk na jero hate, naaaa aya ku belegug boga alo teh, datang ti Bandung, lain nyolongkrong ka kolot heula anu araya di jero imah, kalahka ka dapur nyieun kopi.
Harita Abah langsung mengkol heula ka dapur teu jadi kaluar imah, maksud teh, rek ngelingan alo Abah sangkan sowan heula ka kolot-kolot anu aya di jero imah.
Barang bus ka jero dapur, kasampak teu aya sasaha, reeey teh karasa punduk asa niisan, bulu punduk tingpuriding , waaah teu beres ieu mah, ceuk jero hate bari langsung ngibrit asup deui ka imah uwana barudak.
Nu araya tingparelong semu heran, ningali Abah siga nu manggih kareuwas. “Aya naon haji, mani sepa kitu ?“ ceuk uwana barudak. Abah teu waka ngajawab, kalah satengah ngabeubetkeun maneh kana korsi, langsung ngarongkong gelas urut tadi anu masih keneh aya cai entehan satengahna deui, langsung diinum.
Sanggeus rada leler , karek Abah bisa nyaritakeun naon nu bieu kaalaman. Nu araya , saurang ge taya anu nyora. Pa Imang kitu deui istrina ukur maresem .
“ Euuuuh hayangeun kenalan meureun eta mah nu aya di dapur “ cenah mani enteng pisan. Abah jeung anu araya estu teu lemek teu nyarek, ngabaretem bari silih pelong , atra katingali tina beubeungeutan oge, beungeut nu pinuh ku kasieun ! Angger teu ngarti nepika ayeuna oge Abah teh, naon atuh nu tadi katingali di dapur teh ?
Wallohu’alam bisshowab. Wassalam. (***)