Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Dongeng Si Uwa

0

– Dongeng “Si Uwa” karya H.Dede Asy’arie nyaritakeun ngeunaan pangalaman si Uwa, sobat Abah anu ahli nguseup. Cerita ieu dipinuhan ku dongeng pangalaman anu kadang-kadang dicampur ku rekayasa keur hiburan. Lewat carita nu unik jeung lucu, pembaca diajak ngilu ngarasakeun petualangan nguseup di walungan Citarum jeung kolam Jangari, bari ngimplengkeun kanyataan hirup nu kadang teu sakumaha nu dipikiran. Dongeng ieu henteu ngan saukur hiburan, tapi oge ngajarkeun nilai-nilai kahirupan tina pangalaman sapopoé.

Kamari mah ngahaja nepungan sobat Abah anu ayeuna geus jadi dahuan di gang Dukuh, rek sina “ngabudah” ku dongeng, butuh keur bahan tulisan we pangpangna mah. Abah mah sok nyebutna teh si Uwa we, sakalian nga-Uwa-keun barudak. Sok leubeut dongengna teh, utamana mah dongeng pangalaman manehna we. Tah poe kamari mah si Uwa teh ngadongeng pangaresepna, nyaeta Nguseup!

Baca Juga:

 Milih Dunya Atawa Akherat

Kaasupna Uwa mah kelas Mahasiswa mun di sakola mah kana per-nguseup-an teh. Manehna mah tara ningali waktu atawa kaayaan, rek kumaha carana nu penting ‘nguseup!’ Tong sieun beakeun bahan carita nguseup, cenah ceuk si Uwa. “Dongeng pangalaman nguseup mah tinggal ulin we ka komunitas tukang nguseup, pasti loba pisan dongeng pangalaman, atawa dongeng meunang ngarekayasa ti maranehna.”

“Dongeng meunang ngarekayasa kumaha?” ceuk Abah.

“Enya cenah,” ceuk si Uwa, siga dongeng hiji tukang nguseup nu nyaritakeun manehna hiji waktu keur nguseup di walungan Citarum. Aya nu nyanggut cenah mani tarik, kocap jeujeurna ge ampir ngacleng kabawa katengah cai mun teu gancang ditewak mah. Awahing ku gede laukna sigana mah. Nguseupna teh, cenah biasa marake Rakit, nepika kabawa sirakitna ge. Ditataran ti isuk, tengah poe teh masih keneh nagen, nepika piligenti nyekelan jeujeur awahing ku beurat nanahan tarikan lauk. Bedug Asar kakarek lauk ngolongkong kabeungeut cai. Horeng lauk Lika cenah ampir sagede lisung.”

“Beunang teu Wa laukna?” Abah panasaran.

“Nyaeta henteu!” ceuk si Uwa bari seuri. Tah nu kitu teh, ceuk si Uwa, nu disebut dongeng rekayasa, dongeng pangrame! Da mun beunang mah, pasti aya buktina, cecepetna atawa buntutna sok diawetkeun keur bukti. “Pan nu kungsi meunang lauk Kancra nu ukuran limalas kilo ge, sisitna teh dipajangkeun,” ceuk si Uwa deui.

Baca Juga:

 Memperkuat Spirit Pemuda Cianjur: Kongkow Perdana Jaringan Gondrong Cianjur

Ari dongeng pangalaman mah siga kieu, ceuk si Uwa keneh. “Ana hiji waktu ngaruseup ka Jangari, diangkir ku babaturan nu bogaeun kolam japung,” cenah bari daradad nyaritakeun pangalamanana. Harita teh, aya kana genep urangna, ngan aya hiji sepuh anu sok dilandih Ki Baping anu rada kirang dangu milu kana rombongan, geus almarhum cenah ayeuna mah. Geus dipapagahan tianggalna ge, mun engke nguseup di kolam ulah di jero, da dipelakan Nila.

Nu sejen nguseupna di luar sakumaha nu dipapadonkeun memehna, ngan Ki Baping tea, bubuhan teu pati ngadangu, nya sangeunahna we neangan tempatna oge. Tepika tengah poe, nu ngaruseup di luar mah jarang disorang teu siga Ki Baping, mani clom giriwil teh lain babasaan, da di tempat nu dipelakan Nila tea.

Barang digorowok-gorowok sangkan ulah nguseup di jero, Ki Baping ukur ngalieuk bari terus bales ngagorowok, “Ku lukut yeuh eupananana! Tuh aki ge mani clom giriwil!” cenah bari teu riuk-riuk boga salah! Nu sejen ukur bati gogodeg. Na kudu ngabejaan kumaha deui?

“Tah eta mah dongeng pangalaman sajati teu make rekayasa,” ceuk si Uwa bari ngusekeun kuntung kana asbak.

“Aya deui cenah dongeng pangalaman nguseup teh. Tah sakitu heula we cenah! Ke disambung deui. Loba keneh dongeng pangalaman tukang nguseup mah,” cek si Uwa bari nyuruput kopi anu kari saparapat gelas deui.

Wallohu’alam bisshowab. Wassalam! (*)

Leave A Reply

Your email address will not be published.