Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Tunduh Hees Teu Tunduh Nyaring

1

Ku : H.Dede Asy’arie
Ti beurang keneh ngahaja sagala dipigawe, timimiti beberes kamar,beberes pakean, meresihan kamar mandi, nepika milu ngabantuan si Ambu ngarendos Sambeleun.

Di tempat gawe oge, anu biasana sok gogoleran na Korsi tamu atawa di Mushola, poe harita mah, Abah teh , ngahaja leuleumpangan hareupeun kantor, ngahaja hayang cape, ambeh engke peuting teu hese sare.

Enya, geus sababaraha peuting Abah teh katerap panyakit hese sare, pitunduheun teh mani kacida linghasna. Mun kabeneran aya siaran mengbal liga Inggris atawa Piala Champions sok rada kaubaran, aya bangbalerkeuneun, ngan rokayana mun seug keur suwung, jadi sok bati gulinggasahan nu aya.

Lalajo pilem geus barosen da eta-eta keneh, tampolana mah ngahaja nyetel musik anu husus keur relaksasi , musik “ Pengantar
tidur judulna ge, tapi angger we da ari euweuh sakadang tunduh mah, panon teh teu daek peureum.

Ngan aya untungna teh, sholat Subuh tara kabeurangan, da timimiti kadenge sora ‘Tarhim’ nepika ngong Adzan Subuh ge, panon teh masih keneh cenghar.

Ka beh dieunkeun, dina tipi sok aya .acara Volleyball dina tipi moji. Teu pati kasiksa teuing nyileuk oge da aya karesep, komo mun seug kabeneran nu keur diaduna teh Tim Bola Voli putri, heg nu maenna nagara Turki, da eta pan aya nu ‘ Sileg “ pamaen anu no 18, neng Zehra Gunes.

Sabenerna mah, ampir kabeh pamaen voli putri internasional anu gareulis teh,contona we ti Polandia, Jerman, Serbia, Belanda, Slovenia jeung nu sejenna maalaah ti Asia oge saaperti ti Thailand, Jepang, Korea jeug nu sejenna ampir hese neangan anu
teu geulis teh.

Duka memang kitu, duka pedah panenjona panon aki-aki, hehehehe. Tapi ketah Abah teh lain deuk nyaritakeun gaareulisna pamaen voli putri dunia atawa ngadongeng pertandinganana anu meh unggal peuting, Abah mah tadinaa ge deuk “curhat “ pedah geus sababaraha peuting hese pisan tunduh.

Tiheula keur si Jenat, almarhum Asep Bule masih aya dikieuna, kungsi mapatahan, mindeng cenah manehna ge hese sare siga Abah teh “ Bisa jadi eta teh tegang otot beuteung, sok nginum Cai haneut urang mah, sok tuluy we datang tunduh “ cenah, mani asa nongtoreng keneh kana ceuli.

Ku Abah dicobaan siga kitu, nginum Cai haneut meunang sagelas mah, tapi angger we, pitunduheun teh kalah hare-hare. Anu matak hanjakal mah, mun seug geus deukeut ka waktu Subuh, kira-kira jam opatan, teu karasa tunduh datang, tuluy ngalenyap, les, seooot kabawa palid kaalam pangimoian, hudang-hudang panonpoe geus nyaangan alam dunya, jam nu napel na tembok geus kana angka dalapan.

Puguh we ceuk nu teu apaleun mah Abah teh sholat sunat Dhuhaa, padahal mah solat SubRang ! Waktu dicaritakeun ka sobat Abah Haji Boy Ibrahim, manehna ukur mesem, “Sarua urang ge kitu, matak mindeng ngadahar pel tidur urang mah mun hayang
sare teh “ cenah.

Nyeta lain teu hayang nyobaan ngadaang pel tidur teh, ngan sok sieun jadi kabiasaan, jadi kudu ngadaang pel tidur unggal deuk hees. “ Nya henteu atuh, urang ge, teu unggal peuting ngadahar pel tidur, dimana kaserempek we, da sabenerna mah, mun teu tunduh mah, barina oge, tong dipaksakeun kudu hees, engke we dimana awak urang butuheun istirahat, butuheun sare, tunduhna oge pasti datang sorangan “ cenah mapatahan.

Dipikir dibulak-balik, enya oge tah. Da keur naon maksakeun sare oge ari teu tunduh mah, kuriak loba ngalamun teu puguh. “ Mun hese sare, daripada miceunan waktu teu puguh, mending dipake Dzikir atawa maca sholawat, tapi alusna mah ngadere Al-Qur’an, InShaa Allah teu kudu make pel tidur ge, bakal datang tunduh “ ceuk sobat Abah Bah Asep Setiadi urang Gunteng.

Ayeuna mah ku Abah dituturkeun kahayangna awak we, tunduh hees, teu tunduh nyaring. Da geunig ari teu tunduh mah, dibawa nyaring sapeupeuting, bari isukna pinuh ku kagiatan oge, teu matak nundutan, gawe biasa sakumaha ilaharna poe-poe biasa, mun beurangna datang tunduh, heeskeun !

Nu puguh, urang anu masih keneh sehat, normal jam biologisna, anu dimana datang waktuna hees, pitunduheun geus datang, kudu syukuran , da geuning mahal sakadang tunduh teh keur nu katarajang panyakit hese sare mah. Wallohu’alam bisshowab. Wassalam. (***)

1 Comment
  1. […] Tunduh Hees Teu Tunduh Nyaring  […]

Leave A Reply

Your email address will not be published.