Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Pecel Jeung Lotek

0

Ku : H.Dede Asy’arie

Geus sababaraha peuting, panon Abah hese dipeurumkeun da puguh taya rasa tunduh saeutik-eutik acan kaasup peuting tadi.Si Ambu mah geus palid ka sagara pangimpian.

Pilm jeung lalaguan geus barosen, pangangguran cutrak-cetrek milihan acara dina tipi. Bosen acara tipi pindah kana jalur Youtube. Kabeneran aya video ngeunaan layanan istimewa keur para panumpang kelas hiji ti sababaraha pausahaan kapal udara kaasup Garuda .

Aya anu onjoy ti pausahaan Garuda dibanding pausahaan kapal udara sejenna nyaeta dina kadaangan jeung inumanana aya anu khas saperti Jus Kadongdong jeung Bajigur.

Ngan keur Abah mah keukeuh aya nu kurang, lantaran dina Menu Garuda can aya kasebut Lotek ! Enya Lotek, hiji ngaran kadaharan/olahan anu dijieunna tina Sayuran anu diseupan atawa dikulub atawa bisa oge ngan saukur dileob ku cai anu ngagolak, terus di hijikeun jeung bungbu anu dijieun tina Suuk meunang nyangray atawa meunang ngagoreng direndos dina coet make mutu ditambahan ku Uyah, Gula, Cengek, Cikur malah anu mah sok make beuleum Tarasi saeutik.

Tiheula mah keur Abah budak , keur ngentelan bungbuna teh sok make kulub Hui boled. Sayuran anu dipake biasana Engkol, Kangkung, Toge, Waluh siem meunang nyiksikan. Salianti Lotek, aya oge anu disebut Karedok.

Bedana Lotek jeung Karedok nyaeta sayuran anu dipakena aratah jeung tara make Kangkung jeung Waluh siem , Karedok mah ukur Engkol atah disiksikan aripis, Bonteng atah, Toge atah, Terong atah , jeung Kacang panjang atah jeung ulah kaliwat Daun Surawung.

Keur budak Abah pang teu beukina kana Karedok lantaran aya Terong atah jeung Kacang panjang atah, komo deui aya daun Surawung ! Ayeuna mah tibalik, uing teu pati kana Lotek tapi moho pisan mun daang beurang jeung Karedok, malah Surawung anu uing keur budak pang teu resepna teh, geus aki-aki siga ayeuna mah kudu dilobaan dina Karedok teh.

Ari rada ka beulah wetan mah, nyarebutna teh Pecel. Kana Pecel ge uing , duka pedah naon, duka pedah sayuran anu dipakena rada beda ti urang atawa naon uing ge teu pati merhatikeun, ngan lamun keur ulin di Tasik sok nitah barudak meuli ka si Mbak Tukang Pecel anu sok mangkal di Cihideung.

Kitu deui tiheula keur sok mindeng ulin kana Kareta Api heg tujuan ka Jawa tengah, pasti palebah stasion Kroya ngadon nyaneut heula Pecel.

Malah tiheula waktu budak uing nu di Tasik hajat syukuran nyunatan anakna, si Mbak Tukang Pecel anu sok mangkal di Cihideung tea, ngahaja sina midang dina Angkringan hajatan.

Ceuk budak anu panggedena, anu ngurus parasmanan , cenah angkringan Pecel si Mbak anu pangheulana amrin. Mun nyaritakeun dinu hajatan, Lotek mah geus jarang kabaca, anu sok mindeng ‘dina parasmanan mah malahan Karedok.

Lain babasan uing mah, sok moho pisan mun ngawadang jeung Karedok, terus we dibaturan ku goreng Asin eta mah rek Sepat, Japuh atawa Selar, beu ! matak poho ka Mitoha ceuk babasan mah.

Di , keur jaman taun 70 an , aya sababaraha tempat anu kajojo pisan diantarana Lotek Bandung di Jalan Moh Ali- Cikidang , terus Lotek Orion anu di jalan HOS Cokroaminoto Rancabali , Lotek di Warujajar handapeun pisan setopan Toko Lili nyaeta warungna Bah Obang bandar Awi jeung Bilik, terus weh anu di Gang Jaksa totogan pisan jalan anu ka Solokpandan jeung Warung Lotek anu di hareupeun Bui di Jalan Aria Cikondang.

Kabehanana oge, make bahan anu sarua, sayurna meunang nyeupan atawa dileob tea, sayurna Engkol, Waluh, Toge jeung Kangkung bari bungbuna ge sarua tina Suuk meunang nyangray atawa meunang ngagoreng, direndos jeung samara sejenna dian Coet make mutu, da sanajan geus aya oge alatna asa can ngajaran meuli Lotek bungbuna meunag nga-blender, ngan bedana jeung Lotek-lotek buatan di lembur, nyaeta sok make goreng Tahu , goreng Kentang, Kulub Endong hayam dikeureutan jeung salian ti make Kurupuk sok diselapan ku goreng Emping !

Ayeuna di Lotek Bandung teh cenah geus pindah ka Cijedil jajalaneun ka Cugenang, Lotek Orion jeung anu di bah Obang Warujajar kitu deui anu di gang Jaksa tos pareum.

Anu masih keneh ‘eksis’ mah nyaeta Warung Lotek anu di hareupeun Bui di Aria Cikondang jeung nambahan ayeuna mah, aya Warung Lotek jeung Geco anu di Jalan HOS Cokroaminoto hareupeun Gang Dukuh, aya si Enci anu di Solokpandan jeung anu di Jalan Barisan Banteng.

Di beulah kulon aya Lotek Ceu Piah jeung Lotek Teh Yani di Jalan Ir.H.Juanda Salakopi jeung Lotek bu Aas di Mekarsari.

Sakitu heula we nya, ieu Karedok bisi kaburu bari . Wallohu’alam bisshowab. Wassalam . (***)

Leave A Reply

Your email address will not be published.