Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Mimiti Abah Jadi Santri

0

Ieu mah itung-itung milu ngareuah-reuah Hari Santri Nasional anu sok dipieling unggal tanggal 22 Oktober. Jadi poe ieu mah, Abah teh deuk ngaguar pangalaman waktu keur jadi santri.

Enya ieu mah Santri enyaaan, anu mondok di Kobong tea ning. Sabenerna mah,  mimitian sok ngaji kitab koneng teh, Abah mah  ti keur di SMP keneh.

Kitab anu diaji mah nya biasa tea we, kitab keur santri tingkat dasar, saperti Kitab Safinah, Tijan jeung Jurumiyah, Sok milu ngaji teh jeung lanceuk oge Emang anu harita sakola di PGA NU Warujajar.

Ngajina di Ustad Junaedi di Sabandar-. Harita mah teu mondok di Kobong, sok didug-dag we ti Warujajar ka Sabandar, nikreuh laleumpang ti memeh Maghrib , muru berjamaah Maghrib di Kobong Ustadz Junaedi.

Ngaji kitab teh sabenerna mah lain di Ustadz Junaedi wungkul tapi aya sababaraha urang anu diguruan. Mimitina ku Bah Bariji guruna pun bapa, eta mah tukangeun imah di Warujajar, mun teu di bumina , ngaji kitab teh sok ba’da sholat Subuh di Masjid Al-Hikmah bareng jeung dulur-dulur uing.

Ti Bah Bariji pindah ka tatangga hareupeun imah kersana Wa Haji Ijah, santriwati ti Leuwisari-Singaparna cenah baheulana mah. Waktu harita, ngaji kitab teh jeung sobat-sobat uing, Ki Asep Setiadi anu ayeuna jadi salakina lanceuk misan, ki Endang Iwa, anu jadi uwana barudak, almarhum Jang Dayat weh budakna Wa haji Ijah.

Harita mah Kitab Jurumiyah ge kuat katalar timimiti nepika anggeus, naha bet laleungitan deui ari geus kolot mah geuning ! Minangka diajar ‘ Ngobong ‘ teh, di almarhum Ustad Abbas Misbahul Khoer rakana KH Deni Ramdhani ( sesepuh pondok pasantren Nurul Hidayah Al Khodijiyah ayeuna mah ).

Tah ku karsana almarhum Ustad Abbas, Abah dititah masantren ka Cipasung bari nuluykeun sakola di SMA-Islam Cipasung. Pasantren Cipasung harita masih keneh can aya listrik, jadi masih keneh make Patromax mun ngaji subuh atawa peuting teh.

Kabagean kobong 17 di Asrama Putra Selamet, di ‘ lantai ‘ 2 kamar Abah  teh, ngahiji jeung Rois asrama , Kang Engkus urang Cibeureum Tasikmalaya.

Rohangan leutik sigana ukuran 3 X 3 meter masih keneh ku bilik awi , tempat sarena ukur dipan tina kayu Jengjen teu dikasuran ukur diamparan samak buatan Awipari Tasikmalaya.

Pangeusi kamar aya opatan, poho deui anu sejenna mah, ngan ngarumas kacida we atuh, tina biasana hees dina luhur kasur bari sakamar ku sorangan, ari ieu padedempet opatan dina dipan anu teu dikasuran !

Mangga sawang heula pamiarsah ! Keur mah hese peureum, katambah satengah opat geus digugudrag ku Patrol anu nakolan kaleng ngahudangkeun para santri sangkan buru-buru ka carai ngala wudlu.

Ari ras harita keur poe kahiji, mimitian jadi santri di kobong ( pan aya anu disebut santri Kalong, nyaeta santri anu teu harees di kobong jadi beres ngaji , baralik ka imahna sewang-sewangan lain ka kobong. ) sok era paradah sakapeung mah.

Caritana, hees teh geus ngagayuh ka subuhnakeun da loba ngawangkong jeung hese reup we di golerkeun oge, ari karek reup rarasaan mah, geus digubrag-gubrag deui ku Patrol tea.

Bari sirah balideg, turun ti Kobong mani hese beleke da ukur ku Taraje kai paranti turuna oge, tuluy ka Balong hareupeun asrama sarua siga batur ngala wudlu.

Ngabring ka Masjid deuk sarolat Tahajud bari terus parupujian ngamangfaatkeun waktu nungguan waktu solat Subuh.

Keur pupujian ge, geus sababaraha kali deuk ngalenyap da kaayaan Masjid can caang pisan lantaran can datang lampu Patromax, sigana mun teu nyabokan pipi sorangan mah, aya bahan ngaguher deui di masjid teh.

Tah dina waktuna solat Subuh berjamaah anu pangpangna teu kuat nahan tunduh mah. Sababaraha kali deuk tijongjolong, eta deuih Imamna jaba antare, jaba surahna anu panjang…beu..!!!.

Dina rokaat kahiji mah Abah teh, masih keneh bisa tagen najan bari asa lungleng oge, ngan rokayana, dina rokaat kadua waktu Imam keur maca surah, teu pupuguh bumi asa muter, terus teu inget dibumi alam weh…!!!

Inget-inget keur pada mencetan bari loba anu babacaan ! Horeng katuralengan , kapiuhan alias pingsan tea ceuk barudak ayeuna mah.

Heuheuy deudeuh, ngerakeun pisan ! Koboy Warujajar teu kuateun dibawa bagadang, nepika nyungsep waktu solat Shubuh !!!Untung we can siga ayeuna, mun harita geus rame Gadget siga ayena mah meureun matak jadi Viral, heheheheee…!!!

Sakitu heula we nya para pamiarsah, Wallohu’alam bisshowab. Wassalam. (***)

Leave A Reply

Your email address will not be published.