Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Milih Dunya Atawa Akherat

1

– Carpen “Dunya atawa Akherat” karya H.Dede Asy’arie nyaritakeun perjuangan batin saurang panulis anu hese mendakan inspirasi di tengah ramena kahirupan sapopoé. Diiringan ku obrolan filosofis antara tokoh utama jeung rerencanganana, carita ieu ngulik harti kahirupan, kahayang dunya, jeung pangjarahan makna spiritual. Lewat dialog anu jero jeung reflektif, cerpen ieu ngajak pamiarsa pikeun ngimpleng prioritas hirup antara ngudag dunya atawa bekel pikeun akherat.

Geus leuwih ti jam dua belas beurang, tapi can aya sakalimah oge anu katingali dina monitor. Padahal ngahurungkeun Notebook teh geus ti tatadi ti jam sawelas kurang saeutik. Cikopi geus tiis, katingali dina cangkir kari satengahna deui. Udud teuing geus beak sabaraha batang, tapi angger we can aya sakolebat-sakolebat acan bahan keur tulisan poa ieu.

Titatadi waktu teh ukur dipake ngawarangkong teu puguh we antara Abah, Man Suparman, Asep Ruslih, jeung Deden Sukmayadi. Kitu we sagala dicaritakeun, ti kaler nepika kidul, kitu deui nyaritakeun anu ti kidul nepika kaler, ti wetan ka kulon, ti kulon ka wetan, bari teu puguh juntrunganana.

Tungtungna sirah kalah leneng, ningali korsi panjang kosong langsung panon jadi ngabeuratan, kojengkang muru korsi panjang, tuluy ngalempengkeun cangkeng, ngajepat luhureun korsi. Duka kumaha mimitina nu puguh Abah duka sabaraha lila jol kabawa palid ka walungan pangimpian. Hudang teh pedah ngadenge sora klakson mobil rada tarik, langsung ka cai bari rada lulungu oge da inget can sholat Lohor. Beres sholat, di rohangan ukur aya man Suparman.

Baca Juga: 

Memperkuat Spirit Pemuda Cianjur: Kongkow Perdana Jaringan Gondrong Cianjur

“Hape tah disada wae, seueur WA nu masuk, nu transfer tea sigana mah,” ceuk Man Suparman ngaheureuyan. Bari pinuh ka pangharepan, langsung kana hape anu titatadi di cas dina luhureun meja Man Suparman. “Sugan we enya anu peuting jangji rek transfer duit iklan,” ceuk gerentes hate.

Lalaunan muka WA dipapay hiji-hiji, tapi angger posisi WA siga tadi, teu robah dina hartian, teu aya WA asup iwal ti rame di grup kulawarga. Gek deui diuk nyanghareupan monitor anu masih keneh beresih. Ret kana ududeun, rek ngarongkong, karasa letah asa pararait, loba teuing udud meureun. Kop kana cangkir kopi, regot diinum, emh kurang manteb ning ari geus tiis mah cikopi teh.

“Kumaha kabarna bieu pertemuan dengan Gusti Allah teh, ada perkembangan menggembirakan?” Man Suparman ngaheureuyan. Abah ukur seuri koneng bari ngawalon, “Nya kitu tea we, ukur bisa ngado’a pan urang mah, hayang itu hayang ieu, tapi pangpangna mah hayang sehat jeung meunang rezeki anu halal,” cekeng bari leng deui ngimpleng-ngimpleng keur tulisan.

“Sarua atuh ari kitu mah, unggal sholat ge ayeuna mah ngado’a teh ukur hayang sehat lahir bathin, hayang dibere rejeki we anu halal bae saeutik ge nu penting nyukupan kana pangabutuh,” ceuk Man Suparman bari seuri. Geus teu kabita ku kabeungharan cenah ayeuna mah, geus teu kabita ku gedong sigrong, teu kabita ku mobil herang.

Baca Juga: 

12 Destinasi Wisata Terbaik di Cianjur Dengan Keindahan Alam dan Budaya yang Memikat

“Keur mah eukeur deuih ayeuna mah ngarumasakeun umur geus kolot, tanaga geus kurang, dina ayana ge kasempetan sigana teh geus moal kauntup, geus moal katangaan, matak mendingan menikmati dan mensyukuri apa yang ada we lah urang mah,” cenah angger seuri mah teu tinggaleun.

Karek ge deuk mimiti ngetik, Man Suparman geus pok deui nyarita, “Anu beunghar mah, sabenerna dibere kaleuwihan ti urang teh nyaeta dibere lahan ibadah tina lobana harta banda, beda deui jeung urang,” cenah bari ngembohan yen asa kacida bodona mun aya jelema beunghar, loba pakayana, bru dijuru, bro dipanto, ngalayah ditengah imah, tapi boga sifat koret, medit ‘buntut kasiran’.

“Teu apaleun tah jelema teh, samarukna lamun disedekahkeun teh, harta bandana bakal ngurangan, padahal jangji Alloh mah moal sulaya, yen satiap harta anu dikaluarkeun dipake sedekah ka sasamana bakal digantian ku Allah bari ngalipet ganda,” ceuk Man Suparman mani siga Ustadz nu keur mere tausiyah.

“Enya nya, padahal harta anu bakal kabawa maot mah, harta anu disedekahkeun,” cekeng bari angger mencrong monitor. Matak teu ngarti ku jalma anu mani tohtohan pisan ngudag-ngudag dunya nepika sagala dicabak, bari kaayaan sapopoena geus kaasup leuwih ti cukup.

Ceuk Man Suparman mah, rugi kacida jelema siga kitu teh, sabab lamun urang tipoporose ngudag-ngudag dunya, tanwande piakherateun bakal ninggalkeun, tapi sabalikna cenah, mun urang tipoporose ngudag-ngudag bekel piakherateun, tanwande dunya ge bakal nuturkeun.

Satuju pisan pa Man Suparman, satuju! Ngan mun ditafakuran, ari urang kaasup golongan anu mana, naha golongan anu tipoporose ngudag-ngudag haliyah dunya atawa anu tipoporose ngudag-ngudag bekel Akherat? Wallohu’alam bisshowab, Wassalam. (***)

Ditulis ku: H.Dede Asy’arie

1 Comment
  1. […]  Milih Dunya Atawa Akherat […]

Leave A Reply

Your email address will not be published.