Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Dongeng Ustadz Ikin

0

Ku : H.Dede Asy'arie

Poe kamari ngahaja lunta ka Warujajar, da asa geus mang-abad-abad tara ngalanto isuk-isuk ka Warujajar deui siga tiheula. Lain pedah loba kasibukan, ngan kuhiji-kudua tea weee, ma'lum geus aki-aki, geus sagala loba anu karasa, jadi Abah teh loba keneh ngahekok diimah, batan loba lunta kaluar.

Waktu harita, pas ngaliwat jajaran kios Baso Mas Senggol, hate ngadadak nyeredet, eta ningali Kios sobat anu geus almarhum, kios ngaput Ustadz Haji Ikin Sodikin.Jol kacipta, tiheula keur manehna aya keneh dikieuna sawatara taun katukang, harita teh, deuk neukteuk Calana pamere budak anu di Tasik da panjang teuing.

Harita sobat Abah kasampak keur ngusey, ngaput na mesin jait, nu nungguan aya kana tiluanana. Sarua cenah nu tiluan ge keur ngarombak calana .

Geus beres nu tiluan karek Abah ngaluarkeun calana nu rek dirombak jeung nu rek dibenerkeun pesakna. “Ari sugan teh, rek ngadon ngobrol we“ cenah bari alak-ilik kana calana Abah nu rek diomean tea.

Batur ulin keur budak Ustadz Ikin teh, Djidji ngaran keur budakna mah, geus rada gede malasantren, Abah ka Cipasung, manehna mah ka Cintawana, malah terus ka Manonjaya sagala ceuk beja mah, jadi santrina Mama Khoer Affandi.

Jadi Ustadz ayeuna mah, sok ngawurukan ngaji, malah nyepeng pangajian rutinan di sababaraha masjid, da timu tea meureun ayeuna mah, junun masantrenna manehna mah teu siga Abah, nu timu ukur elmu ngaliwetna wungkul.

Kaitung maju oge usahana mah, ma'lum teureuh wetan tea, daraekan usaha, sagala dicabak. Usaha ngaputna beuki dieu beuki moyan, malah aya duaan pagawena ge.

Kabeneran poe harita mah, can daratang pagawena, jadi langsung we dipigawe ku manehna. Bari ngeureuyeuh pagawean, nyaeta ngaput calana Abah  tea, jol der we ngadongeng mangsa lawas, mangsa keur barudak tea.

“Teu sangka cenah, ayeuna mah Warujajar teh, mani pinuh ku anu daragang , nu ngawarung, malah toko oge aya sababaraha hijina. Baheula mah ukur warung pun biang we nya , jeung warung Ceu Entoy di Warujajar luhur“ cenah mani siga nu jauh panineungan.

Da memang enya atuh, harita mah warung biangna ustad Ikin, nu katelah warung Ma Erus teh, minangka warung nu pangpepekna, sagala aya, timimiti sayuran, bungbu dapur, kueh, kadaharan jeung sagala rupa beulieun sayagi.

Aya eta oge sababaraha warung, aya warung Babah Liong, aya warung indungna si Atek, ngan eta mah warung garingan teu ngajualan sayuran, dahareun jeung bungbu dapur.

Can loba tukang dahareun harita mah, nu aya ukur tukang Bubur hayam , Mang Jajang mun teu salah mah ngaranna teh, tuluy Baso Kang Udung budakna Mang Uja Tukang cukur totogan pisan jalan Warujajar beulah wetan, Mang Sa'ir nu sok dagang  Sate jeung Sot.

Di beulah kulon we di hareupeun Asrama Pulisi, aya mang Bace nu dagang sirop. “ Ayeuna mah nu ngahaja ngadon jajan di Warujajar ge, kocap mani heurin keur parkir mobil jeung motor oge “ ceuk Ustad Ikin bari menerkeun kacamatana.

Nu paling beda mah cenah ceuk Ustad Ikin keneh, eta kalakuan barudak ayeuna jeung barudak baheula. “baheula mah nya mun ngala bubuahan, boh Manggah, atawa Rambutan, da ngan saukur keur dahareun harita we, mun hayang rurujakan, ngala nu kabeneran aya sisi jalan atawa di tengah sawah, cukup hiji atawa dua, sacukupna keur metis atawa rurujakan, da ayeuna mah mun kasebutna ngala teh cenah, teu sirikna dipupu jeung pentil-pentilna, jeung lain keur dahareun deuih tapi dijarual  ! “ cenah bari ngehkey, duka nyeungseurikeun naon.

“Ana mah jadi kapiasem ku kalakuan baheula keur budak“ cenah bari derekdek ngadongeng. Dina hiji waktu cenah, arulin ka Maleber, balikna palebah Warungjambe geus teu kuat ku hanaang.

Harita nu arulin teh opatan kaasup manehna. “Jang Miming nu harita nitah ngala dawegan teh, da cenah nu uwana keneh, nu bisa naek ukur ana, nya kalacat we harita ngala dawegan opat“ cenah bari teu weleh seuri.

Na atuh cenah, keur  kitu aya nu ngagantawang tarik naker, nyarekan bari tutunjuk . “Mangkaning ana keur diluhur keneh tangkal kalapa“ ceuk ustad Ikin.

Mani teu sirikna meubeutkeun maneh cenah turunna ge, morosotkeun maneh kuatka daradas kulit. “ Barudak ti mana ieu teh, wani-wani ngala kalapa uing ?! “ ceuk eta nu nyarekan.

Kabeh ge taya nu wani nyarita ngareluk we siga Bueuk meunang mabuk. “ Maneh nu ngala dawegan kadieu !!! “ cenah ceuk eta lalaki mani satengah nyentak. “Nya bari sieun-sieun ge ana teh, nyampeurkeun we “ ceuk Ustad Ikin.

“Sabaraha hiji maneh ngala dawegan ?!! “ ceuk eta lalaki teh cenah. “Ku ana teh diwalon we sabalakana, ooooopat ….kang“   ceuk ustad Ikin, na atuh ari gantawang teh nyarita “ Opat !, Opat ! sangeunahna we, ari Dewek moal diitung nyaaah, ngala hiji deui kadituh keur Dewek “ cenah bari seuri ngagakgak.

Horeng cenah anu nyarekan teh Kang Oji, sarua urang Warujajar anu kabeneran keur ulin di Warungjambe. “Tah tiharita uing wawuh jeung Kang Oji teh, malah siga jeung sobat pisan ayeuna mah“ ceuk Ustad Ikin mani teu sirikna ngelay nyeungseurikeun kalakuan harita.

Abah ge milu seuri , bari pangacian mah asa aya keneh dina mangsa harita keur budak. Ah, kalahka matak waas wae . Mugia sobat Abah, Ustadz haji Ikin Sodikin, sing kenging Ni'mat Kubur , Aamiin Yaa Mujibassaailiin .

Wallohu'alam bisshowab.Wassalam ! (***)

Leave A Reply

Your email address will not be published.