CIANJUR Dongeng Abah – Naha enya urang Sunda kiwari geus luntur kasundaanana ? Naha enya loba urang Sunda nu geus ngarasa ‘ lingsem’ mun nyarita ku basa Sunda ? Sigana ari ditanya sapajodogan mah moal ngaraku , naha luntur atawa encan kasundaanana atawa ngarasa ‘ lingsem’ alias isin bin era mun ngaku urang Sunda, ngan mun ditilik tina rengkak paripolah jeung kabiasaan hirup kumbuh sapopoe, katingali pisan lunturna, kaciri erana.
Tina hal nu leutik we ieu mah, ….nyarita ! Na da sigana teh, mani hese beleke pisan mun nyarita make basa Sunda nu marele , komo entragan barudak ayeuna, deuh matak pikahariwangeun keur nu nyaah kana adat budaya Sunda mah. Na naon bahayana atuh, da moal matak runtag jagat ieuh urang Sunda nyarita mamalayuan oge ! sigana mun aya nu nyarita kitu, rada hese ngajawabna, da memang enya moal matak jadi runtag jagat ieuh, piraning urang Sunda teu nyarita basa Sunda ! Malah apan baheula keur sakola ge, diajarkeun ku guru kudu bisa maca jeung nyarita bahasa Nasional nyaeta bahasa Indonesia saluyu jeung eusina Sumpah Pamuda .
BACA JUGA:
Wisata Seru di Perkebunan Teh Gedeh Cianjur, Temukan Keunikan Masjid dengan Tempat Wudhu Antik
Teu salah ! bener teu salah pisan ! kudu bisa urang Sunda nyarita bahasa Nasional, kudu bisa nyarita Bahasa Indonesia da eta mah bahasa persatuan , ngan cik atuh ulah nepika jadi “ Cul dog-dog tinggal igel “ , ari geus bisa mah teu kudu saterusna dipake basa sapopoe, dipake basa gaul , da lain di nagri deungeun ieu mah, di nagri sorangan di Tatar Pasundan, komo deui di Tatar Santri Cianjur mah ! “ Sigana mah kieu tateh, pan biasana jalma-jalma pinter nyaritana sok ilmiah, sok make bahasa nasional malah sok reumbeuy diwuwuhan ku bahasa istilah politik, atawa basa nagri deungeun meh katanggar pinterna, jadi weh loba barudak entragan kadieunakeun hayang katingali budak sakolaan, komo mun geus karuliah mah , sieun disebut ‘kam-se-u “ mun nyarita make basa Sunda teh “ ceuk Asep, sobat Abah ti bubudak.
Enya rada siga tah mun kitu mah , tapi ari nitenan deui loba inohong nu geus jaradi jelema gede, angger we sapopoena mah nyarita make basa urang Cianjur, teu ieuh jadi katingali “ kam-se-u “ ieuh ! Heg teh teuing nyarita mamalayuan oge ari dina tempatna mah, naha keur acara dines kanagaraan, keur narima semah nu teu ngartieun basa Sunda, keur acara siaran radio atawa tipi jeung sabangsana , ngan atuh kahayang mah ari keur ngobrol jeung sasama urang Sunda mah cik atuh urang ajenan karuhun urang nu geus ngamumule, ngaraksa jeung ngariksa budaya Sunda kaasup dina hal basa sapopoe tea ! Baheula mah remen ngadenge nu ngeyong rek nyarekeun budak bari ngahariring lagu “ Ayun ambing “ atawa “ Nelengnengkung , geura gede geura jangkung, geura sakola ka Bandung, geura makayakeun indung “ jeung sajabana, ayeuna mah nu mindeng kadenge teh, “ kalow tida bobo digigit nyamuk !”.
Barudak ge geus tara aya nu ngahariring “ Budak leutik bisa ngapuuuung, babaku ngapungna peu…..eu..ting, ngalayang kakalayangan , neangan nu amis-amis, sarupaning bubuahan naon bae nu kapaaaaaanggih… ! “ Ayeuna mah ngahariringna ge lagu Ayu Ting-ting, SMASH, Cokelat jeung waaah loba deui we .Duuuuh jadi nalangsa, jadi sararedih, matak hariwang kacida ! . Sok pirajeunan kapikiran, naha engke incuna –incu urang bisaeun kitu nyarita make basa akina-make basa uyutna ? Arapaleun moal kitu kana Pupuh Kinanti ? Apaleun kitu ngaranna kembang Kadu ? Naon ngaranna anak Sapi ? apaleun moal kana ngaranna Golodog, Pipir imah, Tampian ? Apaleun moal kana Comro, kana Misro, Gegetuk, Pais Poloy, Pais Dage ,Colenak atawa Ancemon ? Geus puguh dina cacaritaan, dina rengkak paripolah ge ayeuna mah geus niron-niron urang deungeun, leumpang ge geus siga bentang pelem, siga si John Wayne. Padahal urang Sunda nu Nyunda mah estu rengkuh, pinuh ku Tawaddu jeung someah bear budi, tara palakak peluleukeuk siga jawara.
BACA JUGA:
Curug Kubang Jadi Pesona Wisata Alam di Kecamatan Cibinong Cianjur
Mani asa nongtoreng keneh na ceuli, cariosan Kang Zen Arif, seniman lukis ti Warung Batu. “ Tos pikahariwangeun kaayaan budaya urang Sunda teh ayi….! Teu aya panyaringna pisan caahna budaya batur ka urang teh ! tarekahna mah teu aya sanes, urang tanjeurkeun deui ajen budaya urang Sunda , omat kedah ti ayeuna keneh, engke mah moal kabujeng “ cenah mani ngomat-ngomatan pisan. Enya kudu ti ayeuna keneh, tong diisukkeun deui ! Mimitian tina ngabiasakeun nyarita make basa Sunda, kolot ka anakna, guru ka murid-muridna, atasan ka bawahanana, kitu deui sabalikna. Biasakeun deui , ramekeun deui kadaharan jeung pasakan-pasakan urang Sunda, sina majang geura dina unggal Parasmanan hajatan ulah malulu make menu urang barat wae ! Lomakeun deui barudak ayeuna kana kecap jeung istilah sapopoe urang Sunda, sina apaleun nu kumaha Goah, nu kumaha Pancuran, nu kumaha Pabeasan, naon ari nu di sebut Pajuaran, enggon jeung sajabana. Urang biasakeun deui ngalengkah siga urang Sunda, rengkuh siga urang Sunda, barangdahar siga urang Sunda, jeung nyarita sakumaha kuduna urang Sunda. Sing percaya ka barudak, hirup “ Nyunda” moal matak nurunkeun darajat !
Wallohu’alam bissshowab Wassalam !!! (***)
Ku : H.Dede Asy’arie