Dongeng Abah: TELEPON , HAPE JEUNG ANDROID
CIANJUR – Cenah baheula , memeh aya telepon , komunikasi jarak jauh antara papada manusa teh karek make telegraph nyaeta hiji alat hasil karya Samuel Finley Breese Morse. Ka beh dieunakeun dina taun 1871 , Antonio Mucci urang Itali manggihan cikal bakal “ Telepon “ anu disebut “ sound telegraph “ anu bisa ngahasilkeun komunikasi dina bentuk sora bari harita mah masih keneh ngagunakeun kabel.Can sampurna siga ayeuna cenah harita mah, da jadina anu disebut “ Pesawat telepon “ mah cenah hasil nyampurnakeun eta alat ku Alexander Graham Bell anu meunangkeun hak paten dina taun 1875.
Baheula mah, teu samanea jalma bisa ngabogaan anu disebut “ Pesawat telepon “ lamun lain jalma jegud, pasti pagawe luhur pamarentah. Abah jadi inget keur taun 60 an, di imah aki teh aya telepon, ngan telepon jaman harita tea we anu kudu di” engkol “ heula , terus menta disambungkeun ku operator ka telepon anu deuk dituju. Sorana dina telepon can pati beresih siga ayeuna , masih keneh kudu rada tarik nyarita dina teleponna oge, komo mun jauh mah kudu rada gogorowokan ! Sajalan jeung kamajuan tehnologi , telepon eungkeut-eungkeut kana model otomat, teu kudu ngengkol heula tapi geus bisa muter nomer langsung ka anu deuk dituju.
BACA JUGA:
Taun 80 an akhir, Abah kungsi ningali hiji pangusaha anu keur nelepon ka kantorna langsung tina telepon anu aya dina mobil manehna ! Asa aneh harita mah. Taun 90 an akhir , kakarek wawuh jeung anu ngaran Hape, anu harita mah ngan saukur bisa nelepon jeung ngirim Es em es wungkul. Moal nyebutkeun merk ah bisi pajarkeun iklan, tapi kalolobana mah, merk hape anu “ Ngajarago “ harita, ayeun geus loba anu tarilem iwal ti hape buatan Korea anu “ ngajago” nepika ayeuna, anu dina harti teu tilem siga anu sejen kasilih ku hape kaluaran anyar ti nagara-nagara anu baheula teu pati dipikawanoh.
Hape urut , alias seken alias ‘tweede hand ‘, jaman harita masih keneh jadi lahan pausahaan anu ngajangjikeun , lantaran toko anu ngajual hape can narekab siga ayeuna. harita meuli hape urut harega sajuta, asa murah harita mah da can apal harega aslina sabaraha, ngan barang ulin ka Ramayana di Kota Sukabumi, Abah ningali harega weuteuhna horeng ukur 900 rebu rupia ! Asa katipu sakedapan mah, ngan da teu salah anu ngajual meureun nya, matak kitu ge geus milikna ongkoh nya ?Anu pangneuteulina keur waktu harita, Abah kabita ku hape anu ngajeblag dina Koran nasional, haregana harita opat juta rupia.
Pangangguran nyarita ka sobat Abah ( almarhum ayeuna mah ) anu harita gawena di Bappeda Cianjur, kabeneran manehna keur boga milik, Abah dipangmeulikeun we caritana mah. Hapena can ‘canggih’ siga ayeuna ukur bisa dipake nelepon jeung es em es wungkul. Harega opat Yuta rupiah, ukur kapake sabulan ! geus sabulan mah , mesinna paeh teu bisa dihirupan deui. Bangkena harita ukur payu 500 rebu,kitu oge bubuhan anu meulina sobat Abah. Ayeuna mah geus usumna hape android, hape anu lain ngan ukur bisa nelepon jeung nga es em es, tapi bisa video call, alias nyarita make gambar anu keur nyarita, anu baheula mah ukur aya dina carita hayalan atawa pilem fiksi.
BACA JUGA:
Salian ti nga es em es, bisa oge ngirim pesen make Whats app (WA), bisa dipake motret nyieun video, pesbukan, kaulinan ( game ), ngadengekeun lalaguan karesep urang, lalajo mengbal, nongton pilem jeung sajabana, malah ku ayana Youtube jeung Mbah Google , ayeuna loba anu dialajar mangrupa elmu malah ngaji kitab ngaliwatan hape.Tiheula basa keur usum Covid 19, barudak sakola dialajarna kudu diimah, alat anu dipakena nya taya lian, hape android tea. Anu cilakana mah, eta palebah anu judi online ! Da geuning mahabu kacida eta anu disebut judi online teh, duka aya sabaraha puluh rupa ‘ perjudian’ anu aya dina aplikasi android teh ! Ceuk babaturan, jelema ayeuna mah geus kacanduan malah karacunan ku anu ngaran Android ! “ Sigana mah tina 24 jam, anu dipake ngome android moal kurang ti 15 jam sapoena “ ceuk Deni Hendra anu harita sarua keur ngome hape androidna.
Abah ukur bisa mesem, da kabayangkeun atuh, ayeuna mah timimiti budak satepak nepika nini-nini jeung aki-aki tujuh mulud ge, ayeuna mah sarua tara lesot tina hape android, ari lain keur hees atawa keur mandi mah. Ngan Abah mah masih keneh nongtoreng, dina hiji pangajian, ustadzna nyarita, teu mustahil cenah engke mah jaga diakherat, loba jelema anu arasup naraka teh , alatan loba teuing nyoo hape androidna nepika bakat ku anteng kana hape androidna, jadi loba poho ka Alloh Subhanahu Wa Ta’ala !
Wallohu’alam bisshowab. Wassalam . (***)
Ku : H.Dede Asy’arie