Dawuan Jeung Pasir Mananggel
Ku : H.Dede Asy’arie
Ti keur budak keneh ge, Abah mah geus resep ngadon dahar atawa botram alias mayoran teh. Keur jaman sakola mah sok badamian jeung babaturan, supaya ka sakola teh mawa sangu jeung deungeunna, engke dimana bubar ulin (ayeuna mah istirahat nyarebutna) dipurak bareng sisi sawah atawa sisi Empang handapeun sakola (harita Abah di SD Lembur tengah IV sakola teh).
Mun teu kitu jangjian jeung babaturan dimana poe pere sakola, ngadon dahar di tempat anu rada jauh, anu tempatna laliuh jeung ngeunaheun keur balakecarakan, komo mun deukeut wahangan atawa empang mah da resep guyang jeung kokojayan heula memeh murak sangu teh.
Anu pangingetna mah ngadon dahar di kebon bapana si Nurdin (geus almarhum ayeuna mah). Tempatna wetaneun SD Pasar Suuk ayeuna, baheula mah can loba wangunan imah siga ayeuna.
Kabeneran di kebon bapana si Nurdin keur meuhpeuy pelak Bonteng, atuh puguh we, balik botram teh dibekelan Bonteng mani sabebedan.
Aya hiji tempat di Cianjur anu baheula kaceluk tempat paling ngeunaheun keur botram atawa mayoran alias ngadon dahar, tempatna di wewengkon Warung Batu, Dawuan ngaranna.
Dawuan teh, hiji irigasi anu gede, anu kahilirna susukan Cianjur tea. Jaman harita mah caina masih keneh ngagulidag jeung beresih teu laba kokotor atawa runtah siga ayeuna.
Jaman harita mah,mun seug kabuhulan keur balakecrakan, langsung nginum cai walunganna ge teu geuleuh teu sing ! Sabenerna mah keur cai nginum di luhureun walungan aya Cai nyusu anu teu eurun-eureun ngocor najan teu ngagewor oge, caina semu amis bari tara ditaheur heula mun deuk nginumna oge.
Bejana mah cenah nepika ayeuna ge masih aya keneh tah Cinyusu di Dawuan teh. Ka Dawuan mah biasana tara mawa sangu jeung deungeunna, tapi sok mawa beas, sambeleun, peuteuy atawa Jengkol, Lauk asin, jeung kurupuk warung, pakakas masakna we, kayaning Kastrol, Katel, jeung sapuratina pakakas keur masak.
Indit tingalabring ti Warujajar mapay-mapay susukan Ciraden anu brasna langsung ka Dawuan ! Indit isuk-isuk, balikna mah tampolana karek beres pasosore da teu karasa geuning waktu nerelek teh ari ku karesep mah.
Biasana anu bagean ngaliwet mah, urusan anu geus galede, da Abah mah kaasup pejuh keneh harita mah. Abah jeung batur anu saumuran mah garuyang we, karokojayan di walungan !
Dimana liwet geus asak kakarek dicarelukan sina dahar ngariung ! Liwet panas, Sambel dadak anu coetna ge, batu anu aya we didinya, deungeunna ukur lauk asin Peda atawa Japuh dibeuleum jeung beuleum peuteuy atawa Goreng Jengkol jeung kurupuk warung.
Beres ngahanca liwet, tara langsung baralik tapi nuluykeun hanca kokojayan atawa papalidan di Walungan Cianjur ! Mun teu ka Dawuan, ngadon dahar teh sok ka Pasir Mananggel ka saung Aki Adis.
Mun kadinya mah acarana bari moro Manuk jeung tara bisa balik pasosorena tapi kudu aya acara meuting di saung si Aki. Tara ngaliwet di saung si Aki mah da sok dipangnyangukeun jeung sok dipangmeuncitkeun Hayam atawa Manila.
Waas kacida, komo mun keur usum hujan, urut bebelesekan dina taneuh leueur jeung ngahodhod katirisan balas kahujana sapaparat jalan, tuluy mandi dipancuran, salin baju beresih, mun teu saliduru, tingpurungkut dijuru tepas saung bari dihararudum sarung !
Harita mah naon wae kadaharan anu diasongkeun ku si Aki, ngan saketap ledis dihampleu ku anu kalaparan ! Enya jaman keur budak, jaman keur sagala beuki, sagala ngeunah.
Duuuh mani asa karek kamari sakabeh anu dicaritakeun teh, ari ras ka kiwari horeng geuning geus loba nu nyebut aki ! Hayang ngalaman deui siga jaman harita, ngadon dahar, botrm atawa mayoran ka tempat-tempat anu rada nyingkur anu jauh tina karamean kota ! Tapi da dina bisana oge , tangtu resepna moal sarua jeung jaman harita. Cag heula ah.
Wallohualam bisshowab. Wassalam ! (***)