Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Carita Pancuran

0

Ku : H.Dede Asy'arie

Sore kamarina, di tepas tukang, Abah geus sasayagian, cikopi panas kumplit jeung lalawuhna, kayaning pisang goreng jeung Bala-bala.

Deuk ngadon niis tidituna mah. Teu kahaja, katingali di beh kulon katingali aya sababaraha urang anu keur ngantri narungguan giliran deukeut Pancuran sisi walungan.

Jadi ras mangsa lawas, mangsa keur puluhan taun katukang waktu masih keneh cicing di Kampung Warujajar. Harita mah mani wanoh pisan ka anu disebut Pancuran.

Sumuhun “Pancuran”, anu keur urang Sunda mah tos moal bireuk deui. Ngan bisi aya nu can apal kana anu disebut Pancuran, eta teh tempat mandi, miceun tawa kahampangan, malah oge sok dipake kukumbah atawa nyeuseuhan baheula mah.

Ukuranana biasana paling gede tilu meter ka tilu meter, tapi kalolobaanana mah dua ka dua meter. Tempat anu ilahar dijieun
Pancuran, diluhurna pasti aya balong atawa Kulah leutik.

Caina biasana nampung cai susukan. Tiheula keur budak, sanajan diimah aya WC anu kawilang gede, bakna tina keramik make kloset jeung caina ledeng bari ngageledeg , angger we mun hayang miceun mah sok ka tukangeun imah, ka Pancuran !

Duka kumaha da sanajan peuting ge, mun hayang miceun mah angger kudu ka Pancuran , dibelaan muruhan adi keur nganteur keueung !

Sakapeung sok ngarumas mun seug dina hiji waktu nyaba ka tempat sejen anu kaayaan di lemburna teu siga di lembur sorangan, eta palebah mun seug hayang miceun, heg teu aya Pancuran !

Keur mimitian Abah nganjang ka mertua di hiji lembur di pakidulan Tasik , mani bingung kacida palebah beuteung kukusialan
hayang miceun.

Dituduhkeun ku indung barudak ka “Pacilingan”, ari sugan Abah mah Pancuran siga di urang we, ari simana horeng anu disebut Pacilingan teh ayana di tengah balong, make jambatan awi, ari Pacilinginana dijieun tina awi dikurebengkeun.

Eta oge teu luhur jadi mun urang cingogo dina raraga ‘tugas mulia', ti samet dada kaluhur mah, nonggerak we kaciri ku batur. Matak basa mimitian aya di lebur indung barudak mah, maksakeun ditahan nepika poek, tos magrib biasana mah, kajeun teuing dicemporan atawa mawa batre.

Pan anu matak sapopoe di lembur sorangan miceun dipancuran tehe, kusabab “ Burusut tuluy “ tea, nyengseong kabawa palid ka susukan, ari di Pacilingan di lemburna indung barudak mah, sarua jeung  “Marab lauk” atuh !!!

Jadi inget ka caritaan dahuan , si Uwa anggota Geng Pos Wetan tea, cenah unggal isuk, mani ngalantri anu rek ngadon miceun di Pancuran anu rapet jeung Pos Wetan,malah si Uwa mah cenah anu imahna di kulon , ti rebu-rebun keneh sok ngahaja ka Pancurana oge, da sieun kapiheulaan batur.

“Eta pan Ji, palebah ngadenge cai ngageledeg, bari dina derna ‘proses pembersihan ‘ teh langsung ngaleungit kabawa nyeotna palid cai Pancuran…! “ ceuk si Uwa harita bari seuri bangun ni'mat kacida.

Memang kitu pisan anu karasa ku Abah oge, matak nineung we lah pokona mah kanu ngaran Pancuran teh. Jadi inget waktu masantren di Cipasung-Tasikmalaya, harita ningali anu disebut pancuran di dinya, horeng teu sarua, pan ari di urang mah cai tina balong terus ngocor ka Pancuran palidna kasusukan.

Ari harita mah, ti susukan ka babalongan leutik, terus palid ka Balong, atuh puguh we asa ‘naraningnang' pisan keur mimitian mah. Matak harita mun hayang miceun, Abah mah kajeun leumpang rada jauh, ka walungan Cisaruni, anu caina ngageledeg !

Ayeuna anu ngaran Pancuran di urang, muhun di , sigana 80 persen mah geus laleungit, ilang tanpa karana tea, diganti ku wangunan-wangunan.

Di Waruajajar we anu tadina loba Pancuran masjid, ayeuna mah geus digaranti ku MCK. Ngagunakeun cai ledeng, make kloset, jeung nutup ayeuna mah make tulak teu siga Pancuran jaman baheula, anu ngan ukur dikurubengan ku Seng atawa tembok bari
tara make tutup sagala.

“Atuda bade aya Pancuran kumaha , pan balongna ge ayeuna mah tos disalaeuran diangge wangunan bumi “ Asep Ruslih mairan.

“ Tong hariwang, di daerah pagunungan mah masih keneh seueur Pancuran, cobi we amengan ka daerah Cugenang, Gedeh, atanapi Cipanas sareng Puncak, InSyaa Allah masih keneh seueur Pancuran “ ceuk Man Suparman ngembohan.

Na enya kitu ? Jadi asa hayang pindah ka pilemburan beulah kulon ari kitu mah atuh ! Hoyong ibak bari nyurug na cai anu ngageledeg bari herang di Pancuran !

Wallohu'alam bisshowab. Wassalam. (***)

Leave A Reply

Your email address will not be published.