Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Balanja Di Kemisan Jeung Poe Minggu

1

– Sigana keur ibu-ibu mah, poe Kemis jeung poe Minggu jadi poe istimewa, da dipake balanja tea. Mani geus ti beh ditu keneh si Ambu teteleponan jeung lanceuk-lanceukna. Nu di badamikeun simanahoreng ukur jangjian yen dina poe Kemis deuk bareng ka Pangajian Kemisan di Kang Elim. Malem Kemisna geus kareungeu deui we si Ambu teteleponan jeung lanceukna.

“Muhun atuh pami kitu mah, tepang di Kemisan we nya, biasa tea we caket si Teteh tukang acuk nya? “ ceuk si Ambu, katingalina mah moal bisa bareng arinditna ka Kemisan sakumaha anu geus dibadaratkeun poe samemehna. Poe Kemis isuk-isuk, kira-kira satengah salapan, si Ambu geus saged.

Ningali baju anu dipake, Abah rada kerung da piraku deuk indit ka pangajian pakeanana sarua jeung anu deuk ngadon balanja ka pasar! Tapi teu wani ari nyempad mah, wah, kuriak bolay ka Kemisanana, bari jeung geus pasti “ceudeum“ nepika sore eta teh! “Mios heula nya…!“ ceuk si Abah mah angger hareupeun monitor, ramo luhureun kibod komputer. Diimah ukur dibaturan ku lalaguan tina Youtube, nu lagu-laguna akur jeung ukuran umur Abah, lagu-lagu baheula jaman Abah keur ngora! Sanggeus rengse nulis hiji naskah, langsung ngalempengkeun cangkeng, duuuuh mani ni’mat karasana!

Baca Juga:

Rekomendasi 5 Tempat Camping Di Cianjur Paling Adem Ada Di?

Sigana awahing ku ni’mat dipepende lalaguan, teu karasa kabawa palid ka sagara pangimpian. Kahudangkeun soteh, pedah kareungeu sora si Ambu jeung lanceuk-lanceukna anu karek balik ti Kemisan. Horeng ukur ngaradon balanja ka Kemisan teh, lain ngupingkeun pangajian! Mani rebo ku balanjaan, sigana sagala dibeuli da salian ti Timbel kejo beureum jeung pais Peda pesenan Abah, bungbu dapur kayaning Bawang bodas, Bawang beureum, Bawang daun, Salam- sereh, Laja, Koneng, Cikur, Cabe, Cengek, Tomat, Sayuran, Bubuahan jeung sajabana kaasup Kurupuk warung anu baruleud laleutik jeung Kiripik sampeu kabeh aya!

“Atuda balanja ka Pasar Induk mah tebih teuing jabi kedah guntas gentos angkot jabaning di Kemisan ge ayeuna mah sagala keperyogian dapur ge aya, sami we sareng di pasar induk!“ ceuk si Ambu ber-apologi tidituna mah, sieun kaburu ditanyakeun ngabahas naon pangajian Kemisan tadi.

Memang enya cenah, Pangajian rotinan poe Kemis di Pasantren Al-Muthmainnah Bojongherang salian ti ngabandungan Pangaosan ti para Ajengan, oge sok dimangfaatkeun ku kaum ibu keur balanja kaperluan saari-ari. Anu ngaradon dagang unggal poe Kemis di Bojongherang meh unggal waktu terus nambahan, anu antukna Pangajian Kemisan disulap jadi Pasar Kemisan. Keur aya keneh Pasar Induk di jalan Suroso ge, Pasar Kemisan di Bojongherang geus pada ngadareugdeug, komo deui ayeuna sanggeus Pasar Induk dipindahkeun ka Jebrod Pasir Hayam!

Baca Juga: 

Misi Zarah Ke Gunung Gede 13 Pendaki Berujung Tersesat

“Atuh ka Pasar Muka we balanjana, ari ka Pasar Induk Pasir hayam matak wararegah mah“ ceuk Abah asal.

“Apan ari di Pasar Jebrod mah, seueur langganan kapungkur nuju di Pasar Induk“ adi Abah milu mairan. Matak cenah ceuk adi Abah mah, najan sakumaha jauhna ge, sok maksakeun menta dianteur we ku salakina kana motor ka Pasar Induk Pasir hayam. Ari si Ambu mah nyaeta kitu, mun poe Kemis balanjana ka Kemisan, mun poe Minggu, balanjana di Lapang Prawatasari-Joglo atawa di CFD Sinagar – Bojong, sakalian olah raga cenah. Salian ti poe eta sok balanjana ka Warung Teh Neneng, wetaneun imah di Gang Tengkorak.

Mun Abah aya kahayang, si Ambu mah tinggal pesen we ka Teh Neneng, pesen itu, pesen ieu jeung sajabana.

“Mahal saeutik mah jamak we etang-etang ongkos angkot sareng ongkos cape gadag-gidig di pasarna“ ceuk si Ambu bari nyebutkeun yen kagiatan sapopoe anu biasa dilakukeun samemeh dipindahkeunana Pasar induk ti jalan Suroso ka Jebrod, nyaeta balanja ka Pasar, ayeuna geus jadi “Barang langka“ atawa “Barang mewah“.

Matak munasabah cenah mun anu balanja ka Pasar Induk Pasir hayam teu loba siga anu balanja ka pasar Induk baheula atawa ka Pasar Muka.  Waregaheunana teh ku jauhna keur anu teu baroga kendaraan sorangan mah, kana angkot kudu sababaraha kali ganti, da geuning ari anu baroga kendaraan saperti motor jeung mobil mah baralanjana sok ka Pasar Induk Pasir Hayam cenah ceuk adi Abah mah. Wallohua’alam bisshowab,

Wassalam !!! ***

1 Comment
  1. […] Balanja Di Kemisan Jeung Poe Minggu […]

Leave A Reply

Your email address will not be published.