Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Walungan Ciwulan

1

– Rupa-rupa karesep jalma téh, nya? Enya, keur dina widang karesep kana acara dina tipi gé, najan saimah, angger beda-beda karesep. Si Ambu mah, kacida pisan kana lalajo pilem jeung lalajo drakor anu keur usum ayeuna téh ning. Ari Abah mah pangkojona téh acara Bocah Petualang, Jejak Petualang, jeung Jejak Si Gundul ogé acara , salian ti pangaresep kana acara olah raga, pangpangna mah mengbal jeung voli.

Tah, duka sabaraha poé kaliwat, Abah ningali acara nu keur marak lauk di walungan. Bari tos bareres marak téh langsung marurak liwet sisi walungan. Bet langsung pikiran téh kumalayang ka alam puluhan taun katukang, waktu Abah dumuk di Pakidulan Kabupaten Tasikmalaya, perenahna mah di Kampung Ciranca, Desa Singajaya, Kecamatan Cibalong, Tasikmalaya, harita keur ditugaskeun ku hiji harian di keur wilayah Kabupaten Ciamis. Ari nganjrek mah Abah téh di “Perumahan Elit Mertua Indah”, sisi jalan gede anu kaliliwatan ku anu rék ziarah ka Makam Syekh Abdul Muhyi di Pamijahan atawa anu rék arulin ka Laut Cipatujah.

Peuntaseun imah téh, kira-kira saratus meter aya walungan gede katelahna Walungan Ciwulan. Lamun keur usum halodo, cai sumur sok saraat, nya kapaksa mun mandi téh di Walungan Ciwulan da ari keur usum halodo mah caina sok hérang teu kiruh siga keur usum ngijih. Salianti diparake mandi, keur Abah jeung tatangga saentragan mah, Ciwulan téh minangka DTW alias Daerah Tujuan lokal masyarakat Ciranca jeung sabudeureunana. Sok ngahaja marawa bahan keur liweteun sapuratina ditambah jeung marawa jeujeur kumplit jeung eupanna, lantaran bari ngadagoan liwet asak téh sok bari ngaruseup.

Baca Juga:

 5 Destinasi Yang Cocok Dikunjungi Saat Libur Sekolah

Kacipta harita keur masih kénéh kaasup kelas ‘amatiran’, mun rék nguseup téh sok nginjeum jeujeur ka dahuan anu geus kaasup kaliber ahli pernguseupan, eupanna sok nitah ka si Hendra budakna Mang Rusnen, geus almarhum cenah si Hendra téh ceuk budak mah, geus aya taunna. Mun keur usum halodo, eupanna téh ku kroto alias endog sireum, keur nguseup paray, ngan lamun cai walungan keur ngagulidak komo bari kiruh, eupanna téh ku beunteur atawa ku hurang hirup, anu diuseupanana nya éta kancra atawa baung, malah tatangga sok ngahaja neangan bayongbong (lipan ceuk basa Malayuna mah), keur ngala lubang.

Diteger cenah ngala lubang mah, leuwih alus deui cenah ti peuting ngalana téh, komo bari keur hujan mah. Kungsi tatangga Abah waktu rék neger lubang eupanna menta ti Abah, da pédah Abah mesen ka tukang dagang alat-alat nguseup di pasar deukeut terminal Ciamis, eupan keur ngala lubang nya dibéré bayongbong genep, di botolan mawa ti Ciamisna gé. Harita rebun-rebun kénéh geus ngagentraan, horéng meunang lubang anu gede mun teu salah beuratna gé opat kilo. Lubangna keur Abah, ngan menta diburuhan wé cenah. Nya atuh langsung wé disantok, manéhna dibéré duit 20 rébu. Mani jigrah kacida dibéré duit sakitu téh da jaman harita, taun 90-an awal, 20 rébu téh bedas kénéh tanagana bisa meuli emas sagram satengah.

Baca Juga: 

Dongeng Si Uwa

Loba kénéh cenah lubang di Walungan Ciwulan téh, ngan nyakitu téa ngalana kudu sabar, kudu daék lunta peuting ka walungan. Asa natrat kénéh na kongkolak panon, waktu mimiti ngajaran nguseup di Ciwulan bari ngaraliwet. Harita Abah make jeujeur anu dahuan téa, eupanna ku beunteur hirup, teu disangka-sangka harita bisa meunang baung sagede keungeun kolot. Nya tiharita Abah mimiti kacanduan kana nguseup, nepika sok ngahaja meuli jeujeur sapuratina, malah meh unggal balik gawe ti Ciamis sok nyimpang heula ka warung alat-alat nguseup, meuli jeujeur sapuratina malah kalan-kalan mah sok meuli jeung eupan hirup sagala.

Geus puluhan taun kaliwat, resepna nguseup di walungan tara kasorang deui, da di mah meureun kudu ka Cisokan jeung ka Citarum, kudu make kendaraan mun teu kana motor nya kana mobil. Ayeuna gara-gara ningali gambar walungan dina tipi, bet asa kasuat-suat deui, asa hayang nguseup deui di Walungan Ciwulan jeung tatangga-tatangga baheula bari ngaliwet deui siga tiheula. Iraha atuh nya? Wallohu’alam bisshowab. Wassalam. (***)

1 Comment
  1. […] Walungan Ciwulan […]

Leave A Reply

Your email address will not be published.