Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Si Ambu Ngalindur Hayang Bubur

1

– Ngalindur Hayang Bubur nyaeta nu didamel ku Ku: H.Dede Asy’arie kie ceunah mimitina.

Ngalindur Hayang Bubur

Poho deui waktuna mah, ngan harita teh keur boga hanca gawe nu hayang buru-buru rengse. Si Ambu  ge, harita mah teu nyagap gawe nu sejen, mantuan we ngaguntingan naskah carita nu rek dikliping.

Enya ge ukur ngaguntingan jeung ngarapetan guntingan carita kana keretas hapees, tapi ari naskahna numpuk geus leuwih ti sataun  mah da angger we lain pagawean enteng pasosore! Mangkaning ukur ku duaan, sakitu aya ge barudak duaan ditambah si Uwa nu nganteurkeun dahareun beunang istrina.  Lain teu harayangeun ngabantuan eta ge, ngan dicaram we, lain nanaon, sok sieun beda leungeun jadi weh cacag nangkaeun ceuk kolot mah.

Baca Juga:

 Resep Roti Panggang, Hidangan Lezat untuk Merayakan Imlek

Untungna teh, semah nu sejen , nu rek daratang ka imah , teu jaradi ! Mun seug jadi teh, weu….., manateuing wirangna, da mani siga ‘kapal pecah‘ ceuk si Ambu mah, di jero imah teh. Sesa guntingan keretas amalayah dimana-mana, ditambah pakean istrikaeun nu ngagugunung da can kasiwer dicagap tea ! Surup we lah, photo sketsa masyarakat kalangan menengah ke bawah, eh kalangan bawah ke bawah pisan ieu mah!

Nu hirupna ukur koreh-koreh cok, nu ngan saukur neangan sasendok berlian  unggal poena , ha ha ha ha ha !!! boro-boro berlian euy, teu batu koral-batu koral acan !!! “

Enya nu, sapopoena tisuksuk tidungdung, hulu dijieun sirah, suku dijieun dampal nya, keur neangan duit teu pira sajuta sapoe lin ? “  ceuk  si Uwa,

dahuan Abah nu titatadi ngopi bari ningalikeun pagawean nu keur dipaju ku Abah jeung si Ambu  bari ngeunah seuri.

Baca Juga: 

Ini Dia Langkah Minimal Saat Jalan Kaki 1 Hari

Abah jeung  Si Ambu ge sarua milu seuri.  Senang we geuning nya, ari dirarasakeun bari syukur  mah hirup teh. Memeh jam salapan peuting, pagawean geus rengse.

Leuwih ti saratus lambar ning barang diitung ku si Ambu teh, paingan cangkeng mani panas kieu ! Baheula sok popoyok ka aki, mun Paribasa nyeri cangkeng, saeutik-saeutik

“cik sujang pangnincakankeun tonggong ke diburuhan es krim Mang Utay!“ cenah mani asa nongtoreng keneh, sakitu geus puluhan taun kaliwat.

Ari ayeuna, kaalaman pisan ku sorangan !. Heu…euh , meureun aki ge baheula keur umuran siga  ayeuna sok nitahan nincakan tonggong teh, hartina Abah ge ayeuna mah sarua jeung aki  baheula , sok nitahan incuna sina nincakan tonggong !!! ha ha ha ha bener teu karasa .

arasaan mah, asa budak keneh we, asa keur ngora keneh we kahayang mah, ngan mun geus sagala karasa dina awak, karek ngusap beungeut, istighfar ! horeng geus loba nu nyebut aki ayeuna mah. Balik deui kana carita tadi, rengse pagawean, si Ambu mah, naluri ‘sang istri’ tea, langsung ngarawel sapu, sawatara si Uwa tamada rek balik cenah. Sakedapan ge langsung beres deui imah teh. Ari Abah mah langsung ngabeubeutkeun maneh luhureun kasur!

Baca Juga:

 Ini Dia Penyebab Anak Muda Ogah Jadi Petani!

“Eeeeeh , ulah waka kulem atuh juragan, punten ieu pangderekdekeun heula tonggong mani asa potong kieu” si Ambu langsung protes ! Eleh deet, langsung ‘melaksanakan tugas muli’ heula.

Enya we, mani tingderekdek, ma’lum tiisuk jedur nepika sore jeder tea, di durstut, teu eureun-eureun ! ukur kaselang dahar jeung ka cai solat wungkul! Teu lila tiharita duanana geus kalabur ka pangimpian masing-masing. Acara na tipi mah diantep we teu kapalire.

Tengah peuting, kapaksa hudang da teu kuat hayang ka cai. Beres ti cai katingali na tipi si Michael Douglas keur maen, tunduh ngadadak leungit, langsung campego hareupeun tipi. Teu kungsi lila si Ambu diuk gigireun milu lalajo.

Parat tepika beak lalakon si Michael Douglas di pestol ku pamajikanana , langsung naek deui kana kasur rek nuluykeun hanca ngimpi.

“Asa lapar nya” ceuk si Ambu, dienyakeun we da sarua kukurubukan beuteung Abah ge.

“Ngabubur dimana nya wayah kieu ?“ cenah mani enyaan sigana teh.

“Seueur atuh eneng, di totogan By Pass 24 jam, di pengkolan Sinar aya, di Pasar Ramayana ngabadeg, di Mang Dayat we yu ?! karek kaluar wayah kieu mah“ ceuk Abah bari hudang.

“Wararegah ah, ke we tos subuh sakalian jalan-jalan urang ngabubur di pengkolan Warujajar“ cenah teu riuk-riuk bari terus malik , mere tonggong ! Abah ukur garo-garo teu ateul.

“Lieur sugan, ongkoh manehna nu nyebutkeun lapar jeung nanyakeun tukang bubur, ari ayeuna geus ngaguher deui“ cek hate kitu soteh, dasar ambewe. Boa-boa ngalindur hayang ngabubur meureun nya !?Wallohu’alam bisshowab,

Wassalam !(***)

 

 

1 Comment
  1. […] Si Ambu Ngalindur Hayang Bubur […]

Leave A Reply

Your email address will not be published.