Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Puasa Bihari Jeung Kiwari

1

– Poe ayeuna, enya ayeuna poe Sakasa tanggal 12 Maret 2024 teh, sarua jeung tanggal 1 Romadhon taun 1445 Hijriyyah, poe pikeun ummat Islam saalam dunya ngamimitian ngalaksanakeun deui ibadah puasa wajib. Aya anu beda karasana ku Abah mah, mun seug dibandingkeun jeung mangsa Abah keur budak.

Baheula mah dina poean ‘Munggah’ teh, ti ba’da Dzuhur keneh geus rame ku sora dulag, nganteur anu keur beberesih atawa istilah harita mah ‘Adus’ munggah. Kabiasaan harita mun rek Adus teh sok meuleum Sapu Pare anu cai lebu sapu pare eta dipake keur kuramas da can ilahar make shampo harita mah, sabun mandi oge ukur apal Lifebuoy jeung Colibrita. Ngadon adusna teh sok ngalabring ka Pancuran atawa ka kulah tara di Kamar mandi jero imah da apan bareng jeung nu sejen.

Baca Juga:

 7 Tempat Bukber Di Cipanas Cocok Bareng Temen Atau Keluarga

Peutingna, solat Taraweh di masjid (masisigit waktu harita mah nyebutna ge) tapi da lain bener-bener solat Taraweh siga kolot-kolot, nu puguh mah ukur ngoyeg silih sered. Mun tos beres tarawehan, sawatara kolot jeung nu geus darewasa tadarusan, Abah jeung nu sejenna mah buriak, aya anu ka jalan ngadon ‘Cir-ciran’, aya oge anu ka lapang madrasah ngadon ‘Galah pepe’. Jaman harita oge anu ngahudangkeun kwur dahar sahur jeung ngabejaan waktu imsak teh sarua ku serine siga ayeuna.

Kuliah Subuh

Jaman harita, mun tos beres solat Subuh, sok ngalabring ka Kaum ngabandungan kuliah subuh, diteruskeun ku acara ‘Nyubuh’ alias tingalabring mapay-mapay jalan, bari anu keur ‘kumincir mah, dipake kasempetan neangan pasangan, Abah harita mah can kaasup, da masih sakola SD. Minangka acara ‘Ngabeubeurang’, Abah sadulur-dulur sok ngahanca komik meunang nyewa ti Gelombang Suasana di Gang Nangka.

Baca Juga: 

Tradisi Menyenangkan Perang Sarung Berubah Jadi Mengerikan, Kok Bisa?

Komikna harita mah Komik wayang saperti Wayang Purwa, Mahabarata, Ramayana jeung sabangsana. Tukang ngagambar komik jaman harita anu apak ukur Ardisoma jeung R.A. Kosasih. Da anu ngaran Yam Mintaraga, Tatang .S, Djair, Ganes TH, Teguh Santosa jeung anu lianna mah can araya harita mah.

Tos solat Lohor, biasama galemprah sarare nepika Ashar. Harudang sare langsung marandi ditulutkeun ku berjamaah solat Ashar. Kira-kira satengah lima sore, Abah sadulur-dulur ngabring mapay-mapay jalan raya ngadon ‘Ngabuburit’. Mani sok sagala dibeuli, da sagaka pikabitaeun ma’lum keur puasa tea. Mun dilangit Kota geus katingali ngabrul Lalay anu kalaluar ti Kantor pulisi jeung ti kantor Pos gura-giru batalik lantaran hartina heus tereh Magrib Sakitu heula mya. Wallphu’alam bisshowab. Wassalam.

1 Comment
  1. […] Puasa Bihari Jeung Kiwari […]

Leave A Reply

Your email address will not be published.