Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Nginum Cai Sumur Dina Buyung

1

nu ayeuna nyaeta nginum cai sumur dina Buyung anu diserat ku H. Dede Asy’arie.

Nginum Cai Sumur Dina Buyung

Hujan ti isuk meluk, malah ceuk si Ambu mah ti peuting keneh, teu eureun najan panon poe katingali ngebray! Hujan poe tea ceuk urang Sunda mah. Matak wegah lunta sabenerna mah, mun seug teu boga kawajiban mah asa ngeunah keneh ngaringkeb maneh di enggon bari dibulen ku simbut kandel!

Biasana mah unggal poe Ahad isuk-isuk teh, Abah sok hayang leuleumpangan bari neangan anu rada pantes, karesep teh, mun teu ka Lapang Joglo nya ka CFD di Sinagar-Bojong.

Baca Juga: 

Si Ambu Ngalindur Hayang Bubur

Harita mah, boro-boro hayang liar, hujan isuk-isukna ge mani siga anu dibahekeun! Keur ngararasakeun ni’mat kopi hideung anu kentel jeung Goreng Sukun, si Ambu ngaharewos “Acara ngaliwet di Joglo tea kumaha, pan tos paheut dinten Ahad ayeuna ngerempel ke siang di bumi si Uwa?”.

Abah karek inget, mangkaning anu usulna Abah pisan, da geus lila teu ngasaan Goreng Jengkol jeung Sambel Lalakina (lalandihan kana Sambel anu ladana ajib surajib pisan), jaba cenah geus baralanja ti poe kamarina keur acara ngaliwetna ge.

“Nya mudah-mudahan we engke mah teu ngagebret teuing siga ayeuna hujanna“ cekeng bari langsung kacipta Liwet panas, Goreng Jengkol, Sambel Lalakina tea, Goreng Asin Selar anu garing, jeung Kurupuk Warung…!!! Ahirna mah sapuk we, Abah deuk liar heula neangan kifayah keur kulawarga, engke sorena langsung ka Joglo, si Ambu deuk nambaan heula lanceukna nu di Caringin.

Caritana mah, sorena sakumaha anu dijangjian, Abah ka Joglo dijajapkeun ku minantu da mun kana Ojeg hujan masih keneh kerep. Satengah genep nepika imah dahuan teh, barang asup ge ka imah, geus kaangseu seungit goreng Asin.

Baca Juga:

BMKG: Potensi Hujan Akan Mengguyur Indonesia 28-31 Januari

Kasampak di tengah imah ki lanceuk keur guntreng jeung semah, horeng keur presentasi Cai keur nginum siga cai mineral kitu. Dina meja aya sababaraha gelas cai conto tina sababaraha produk cai kemasan.

Aya lima gelas, anu opat mah pikagilaeun kiruh jeung loba kokotor, ngan hiji anu herang. Tah cai anu eta anu keur di promosikeun teh. Moal disebutkeun merek dagangna mah bisi pajarkeun iklan, ngan intina mah ceuk eta anu dagang, cai anu manehna anu pang beresihna mah.

Teu pupuguh Abah jadi ingat keur masih keneh budak, anu jaman harita mindeng pisan nginum Cai atah, mun teu tina Buyung anu disiukna ku Gayung tina Batok kalapa, nya langsung tina Ember Timbaan dina Sumur.

Kacipta keneh harita keur ulin Ucing-ucingan di Warujajar, lumpat ka tukangeun Warung Babah Liong, karasa hanaang, langsung abus ka Dapur bumina Uyut Bahra (Mertuana Nini Titing Warung Nasi Warujajar), langsung nyiuk cai tina buyung ku Gayung Batok Kalapa, lekik-lekik, mani asa karasa keneh amisna cai atah tina Buyung Uyut Bahra.

Baca Juga:

Geco Cap Meong Maknan Khas Cianjur Paling Legendaris

Terus lamun keur liliwetan di Pasir mananggel atawa di Dawuan, tara ieuh mawa Cai ti imah, cukup nengkor daun Cau keur nandean Cai Nyusu nu aya luhureun wahangan , malah tampolana mun keur ngaliwet di handap, dina basisir walungan, cukup nyiuk cai walungan we diinum atah-atah tara ieuh ditaheur heula.

Jaman harita, kira –kira taun 60 an, di Jalan Warujajar aya sababaraha tempat anu nyadiakeun Buyung dieusi ku Cai atah tina Sumur lengkep jeung Gayung keur panyiukna. Cangkirna tina alumunium, ngahaja keur anu lalar liwat utamana anu ka pasar atawa balik ti Pasar, mun hanaang geus teu kudu bebeja deui kari nyiuk we tina Buyung.

Kumaha ari kiwari? Cai anu ngagarenclang dina botol-botol plastik, anu dina iklanna mah mani pahade-hade, geuning diuji ku alatna mah, mani pikagilaeun kitu. Kumaha atuh cai ti Perumdam Tirta Mukti anu bisa langsung diinum ku urang? Kumaha atuh Cai nyusu any aya di Dawuan? Kumaha kadarna Cai Sumur anu ngagenclang herang anu biasa diinum teu ditaheur heula?

Wallohu’alam bisshowab, Wassalam (***)

1 Comment
  1. […] Nginum Cai Sumur Dina Buyur […]

Leave A Reply

Your email address will not be published.