Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Hayang Nguseup Deui Di Ciwulan

0

– Terus terang, we, Abah teh geus ampir satengah jam ngahuleng hareupeun monitor, tapi can aya pisan kelemengna kudu nulis naon poe ayeuna. Tamba kesel ngahurungkeun tipi, muka Youtube, neangan lalaguan keur tamba tiiseun, bari sugan we ku ngadengekeun musik atawa lalaguan mah tingtorojol bahan-bahan keur tulisan poe ieu teh. Abah milih instrumental Hitar Spanyol anu muter instrumental tina lagu-lagu anu make wirahma Bossanova, Rhumba jeung Cha-cha.

Bareng jeung wirahma, breh dina layar tipi video anu mintonkeun Walungan anu caina mani ngagenyas herang. Bet langsung pikiran teh kumalayang kaalam puluhan taun katukang waktu Abah keur ditugaskeun ku hiji Harian di keur wilayah Kabupaten Ciamis. Harita Abah teh nganjrek di “Perumahan Mertua Indah”, sisi jalan gede anu kaliliwatan ku anu deuk ziarah ka Makam Syech Abdul Muhyi di Pamijahan atawa anu rek arulin ka Laut Cipatujah.

Baca Juga: 

Balanja Di Kemisan Jeung Poe Minggu

Peuntaseun imah teh, kira-kira saratus meter aya walungan gede katelahna walungan Ciwulan. Lamun keur usum halodo, cai sumur sok saraat, nya kapaksa mun mandi teh di walungan Ciwulan da ari keur usum halodo mah caina sok herang teu kiruh siga keur usum ngijih. Salianti diparake mandi, pikeun Abah, Ambu jeung tatangga mah, Ciwulan teh tempat pangulinan masyarakat Ciranca jeung sabudeureunana. Sok ngahaja marawa bahan keur liweteun sapuratina ditambah jeung marawa Jeujeur kumplit jeung Eupanna, lantaran bari ngadagoan Liwet asak teh sok bari ngaruseup.

Kacipta harita keur anyaran nguseup di Walungan, mun rek nguseup teh sok nginjeum Jeujeur ka dahuan anu geus kaasup kaliber ahli pernguseupan. Keur eupanna sok nitah ka si Hendra budakna mang Rusnen, geus almarhum cenah si Hendra teh ceuk budak Abah mah, geus aya taunna. Mun keur usum halodo, eupanna teh ku Kroto alias Endog Sireum, keur nguseup Paray, ngan lamun cai walungan keur ngagulidag komo bari kiruh, eupanna teh ku Beunteur atawa ku Hurang hirup, anu diuseupanana nyaeta Kancra atawa Baung, malah tatangga sok ngahaja neangan Bayongbong (Lipan ceuk basa malayuna mah), keur ngala Lubang cenah.

Baca Juga: 

BAZNAS Cianjur Salurkan Bantuan di Peringatan Isra Mi’raj

Mun ngala Lubang mah sok diteger, leuwih alus deui cenah tipeuting ngalana teh, komo bari keur hujan mah. Kungsi tatangga waktu rek neger Lubang eupanna menta ka Abah da pedah kamarina mesen ka tukang dagang alat-alat nguseup di Pasar deukeut Terminal Ciamis, eupan keur ngala Lubang, nya dibere Bayongbong genep, di botolan mawa ti Ciamisna ge. Harita rebun-rebun keneh geus ngagentraan, horeng meunang Lubang anu gede mun teu salah beuratna ge opat kilo. Lubangna keur Abah ngan menta diburuhan we cenah.

Nya atuh langsung we disantok, manehna dibere duit 20 rebu. Mani jigrah kacida dibere duit sakitu teh da jaman harita, taun 90 an awal mah, duit pangaji 20 rebu teh bedas keneh tanagana bisa meuli emas sagram leuwih. Loba keneh cenah Lubang di walungan Ciwulan teh, ngan nyakitu tea ngalana kudu sabar, kudu daek lunta peuting ka walungan.

Baca Juga: 

Rekomendasi 5 Tempat Camping Di Cianjur Paling Adem Ada Di?

Asa natrat keneh na kongkolak panon, waktu mimiti ngajaran nguseup di Ciwulan bari ngaraliwet, harita Abah make Jeujeur anu dahuan tea, eupanna ku beunteur hirup, teu disangka harita bisa meunang Baung anu saukuran leungeun kolot. Ti saprak harita, Abah mimiti kacanduan kana nguseup, nepika sok meuli jeujeur sapuratina, malah meh unggal gawe ti Ciamis Abah sok nyimpang heula ka warung alat-alat nguseup, meuli Jeujeur sapuratina malah kalan-kalan mah sok meuli jeung eupan hirup sagala.

Geus puluhan taun kaliwat, resepna nguseup di walungan tara kasorang deui, da di mah meureun kudu ka Cisokan jeung ka Citarum, kudu make kendaraan mun teu kana motor nya kana mobil. Ayeuna gara-gara ningali gambar walungan dina tipi, Abah asa kasuat-suat deui, asa hayang nguseup deui di walungan Ciwulan jeung tatangga-tatangga baheula bari ngaliwet deui siga tiheula. Iraha atuh nya? Wallohu’alam bisshowab. Wassalam. (***)

Leave A Reply

Your email address will not be published.