Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Dongeng Abah Sempal Guyon Dina Islam

1

–  Sempal guyon teh, kaasup kana salah sahiji kabutuhan bathin dina kahirupan manusa. Sempal guyon kaasup kana hiji pikeun nyenangkeun hate, naha hate sorangan oge hate anu aya di sabudeureun urang. Ku guyonan, mah cenah bisa jadi tamba keur kasakit, ngurangan rasa stress, hate jadi tenang, malah bisa ngaleungitkeun kasieun.

Jelema anu bisaan nyieun guyonan, biasana sok diarep-arep, sok ditanggap keur ngahirupkeun kaayaan. Abah jadi inget ka Didin Orexas, babaturan adi Abah, sarua manehna ge alumni SMA Cipasung, jelemana beuki pisan heureuy, malah ceuk adi Abah mah mun sapoe teu heureuy teh, bisa gering cenah si Eta mah! Unggal aya anu ngaranna Didin Orexas, pasti kayaan jadi hegar, cenghar jeung pinuh ku seuri!

“Abdi mah sok ngelehan, mun aya Didin kadieu teh, atos we si akang mah pasti anteng, malah sok poho kana waktu“ ceuk pamajikan babaturan dina hiji waktu. Da enya atuh, malah sok ngahaja ‘diangkir‘ cenah, jauh-jauh ti Sukabumi, mun keur ngarasa suntuk teh.

Baca Juga:

 Bioskop Jaman Abah Keur Budak

“Ari dina agama Islam, kumaha tah hukumna guyon?“ ceuk hiji babaturan waktu keur ngariung di Kantor PWI . “Pami teu lepat mah, aya batasan dina hukum Islam mah pami guyon teh“ ceuk salah saurang wartawan anu harita ngariung. Diantarana mah cenah, meunang guyon mun saukur keur ‘ngahirupkeun‘ kaayaan ambeh teu cakueum tiiseun.

“Teu kenging aya unsur anu ngajatohkeun kahormatan anu sanes, teu kenging ngajadikeun Tauhid pikeun bahan lulucon atawa guyonan, teu kenging aya unsur bohong sareng teu kenging nyingsieunan sanaos ukur guyonan“ ceuk eta wartawan. Wartawan anu bieu tea, memang teureuh pasantrenna masih nerap, matak percaya pisan kana naon anu dicaritakeun ku manehna harita.

“Kangjeng Rosul, junjunan urang oge, malih kantos sempal guyon sareng para sohabatna“ cenah. Abah jeung anu araya harita langsung curinghak. “Ngan anjeunna mah, sanaos guyon, tapi teu aya unsur bohongna“ cenah bari derekdek nyaritakaeun.

Dina hiji waktos, kanjeng Rosul sumping kana hiji riungan para sohabat. Waktos harita ditaros cenah ku para sohabat, nganggo tutumpakan naon angkatna ka eta riungan, Kangjeng Rosul ngawaler, naek anak Onta, saurna teh “Tuh ayeuna ge dicangcang kana tangkal Korma di pipir“ saur Kangjeng Rosul harita. Atuh puguh we, para sohabat ngaraos heran, moal enya, sakitu tebihna, kangjeng Rosul nunggang anak Onta. Barang ditingali ka pipir, enya we aya Onta, ngan lain anak Onta tapi Onta anu geus jelug, anu geus dewasa!

Baca Juga: 

Enak! Ini Resep Ungker Jati yang Gurih dan Pedas

“Ah geuningan sanes anak Onta eta mah Yaa Rosululloh“ saur para sohabat. Kangjeng Rosul bari imut ngagelenyu ngawaler “Da kaula mah teu nyebutkeun anak Onta anu leutik keneh, anu jelas eta anak Onta, da teu mungkin Onta lahir lain ti indung Onta“ para sohabat tinggelenyu, surti kana guyonan kangjeng Rosul.

Aya deui cenah, dina hiji waktos anjeunna sareng para sohabat ngariung, nuang Korma. Gedengeun kangjeng Rosululloh SAW, calik Sayidina Ali. Waktos harita, Sayidina Ali “ngajailan” kangjeng Rosululloh SAW, siki Korma tilas nuang Sayidina ali, disimpen payuneun Kangjeng Rosululloh SAW.

Saatos rengse taruang Korma Sayidina Ali nyarios bari imut, “Yaa Rosululloh, katingalna mah, salira lapar pisan, dugika seueur nuang Korma, eta we sikina mani seueur payuneun salira.“ Langsung Rosululloh SAW ngawaler “Iiih, na teu tibalik, anjeun meureun Ali, anu lapar pisan mah, eta we mani jeung siki-sikina ngopi Korma na ge, tingali mani beresih taya siki Korma hiji-hiji acan hareupeun anjeun mah“, Sayidina Ali RA ukur ngelemes.

Hiji deui mah cenah waktos aya hiji istri anu tos sepuh, naros ka kangjeng Rosululloh SAW “Yaa Rosululloh, naha tiasa istri anu tos sepuh siga abdi lebet ka Surga?“

Rosululloh ngawaler “Umi, di Surga mah teu aya istri sepuh sapertos Umi“ atuh langsung we eta istri sepuh teh nyegruk. “Leres umi, teu aya istri sepuh di Surga mah, margi sadayana oge, dijantenkeun gadis-gadis deui, kalebet Umi!“ nguping cariosan Rosululloh SAW kitu mah, si Umi langsung berag deui!

Kitu cenah para saderek, tah geuning sempal guyon teh, tos aya ti Kangjeng Rosululloh SAW , kantun urang we sing iatna, sing apik dina milih topik bahasan guyonan ulah dugika ngagedekun unsur bohong, komo bari jeung ngajatuhkeun martabat nu sanes mah. Sakitu heula nya.

Wallohu’alam bisshowab. Wassalam. (***)

1 Comment
  1. […] Dongeng Abah Sempal Guyon Dina Islam […]

Leave A Reply

Your email address will not be published.