Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Cig Siga Kumaha Ari Ririwa Teh?

0

–  Sigana ampir kabeh manusa saalam dunya percaya kana ayana Jurig jeung Ririwa, pangpangna mah di nagara-nagara Asia, khususna di jeung leuwih khusus deui di Pulo Jawa, pangpangna pisan mah di tatar Pasundan . Rupa-rupa pisan sebutanana oge, aya nu nyebut Hantu, aya anu nyebut Kunti, Genderewo, jeung sabangsana.

Najan mindeng pisan ngadenge carita ngeunaan sabasaning mahluk halus, tapi da saumur nyunyuhun buuk oge, Abah mah can kungsi ngalaman manggihan atawa nempo anu ngarana Jurig, Hantu, Pocong, Kunti, Genderewo, jeung sabangsana. Jurig teh ceuk Abah mah sigana ukur ciciptaan manusa, lantaran nepika geus reuay ku incu, can manggih katerangan anu netelakeun yen anu disebut Jurig teh bener-bener aya!

Sedengkeun ari di masyarakat urang, loba pisan anu dipikawanoh ku masyarakat. Coba we urang tataan. Aya anu disebut Kunti, cenah eta teh asalna aya awewe anu maot teu wajar bari keur kakandungan. Terus deui aya Jurig Pocong, aya nu disebut Jurig Jarian, jeung sabangsana. Unggal aya anu ngadongeng carita Jurig, angger sok muriding bulu punduk, bari duka teh teuing enya jeung henteuna mah.

Baca Juga:

 Kecamatan Cibeber Sabet Medali Emas di Catur Beregu Porkab 

Carita jurig boh carpon atawa novel pangmindengna dibaca. Carita “Horor” ceuk basa deungeun mah. Duka sabara judul novel karangan Abdullah Harahap nu geus dilalab! Duka sabaraha judul pilem Horor anu geus dilalajoan, naha pilem beunang bangsa urang saperti “Beranak dalam Kubur”, “Dikejar Dosa” atawa “Nyi Blorong” jeung sabangsana, atawa pilem ti luar saperti “Count Dracula” karangan Bram Stoker, atawa pilem jurig ti nagri Cina jeung Jepang. pisan maca jeung lalajo carita Jurig, padahal borangan kacida sabenerna harita mah Abah teh.

Enyaan aneh kacida mun dilenyepan mah, ongkoh sieun ku anu ngaran Jurig atawa ririwa, tapi pisan maca atawa lalajo jeung ngadarongeng carita pikasieuneun sabudeureun dongeng Jurig! Nepika ayeuna, ti barudak Abah, nurun ka incu-incu, mun ngariung sok hayang dipangdongengkeun carita jurig.

Enya baheula mah Abah teh borangan, malah sok nyipta-nyipta siga kumaha bungkeuleukanana Jurig! Tapi eta mah baheula, ayeuna sanggeus umur beuki ngolotan jeung reuay ku incu, Abah sama sakali teu percaya kana ayana jurig atawa ririwa. Alesanana mah taya lian, sabab nepika ayeuna geus boga anak lima jeung sawelas incu bari incu panggedena geus rumah tangga sorangan, can kawenehan ningali bungkeuleukan Jurig atawa Ririwa!

Ngan aya kajadian anu aheng anu kungsi kaalaman. Kieu yeuh dongengna mah! Dina hiji waktu, kira-kira taun 90-an, Abah ngariung di imahna kapi lanceuk di Perkoneng. Wangunan imahna can siga ayeuna, harita ti tengah imah, kaluar teh langsung ka dapur.

Baca Juga: 

Dongeng Si Uwa

Kira-kira jam 11 peuting, Abah pamitan. Nu ngalobrol di tengah imah masih keneh rame. Abah kaluar ngaliwatan dapur memeh ka “Gerbang” imah teh. Barang ngaliwatan panto dapur, atra kacida, katingali alo Abah anu harita masih keneh kuliah di Bandung keur ninyuh kopi bari hahariringan. Seungit kopina mani melenghir, haseup tina cangkir kopi kaciri masih nyerebung.

“Na iraha eta budak datangna ti Bandung, mani teu kecet-kecet,” ceuk na jero hate bari terus disampeurkeun. “Aa…! na mani teu kecet-kecet datang teh, mani teu kadenge aya nu muka panto gerbang,” ceuk Abah rada tarik bari terus nyampeurkeun ka dapur. Pantesna, kudu kadenge sora alo nyeungseurikeun atawa sora menta hampura, tapi ieu mah jempling taya sora nanaon! Di dapur horeng taya sasaha, alo Abah anu atra pisan katingali keur ninyuhn kopi bari hahariringan siga nu dilebok peuting, ilang tanpa karana!

Bulu punduk langsung muriding…! Punduk mani asa ditamblogan balok es! Abah langsung kaluar terus asup deui ka tengah imah. Nu ngarariung marelong bari nyaleungseurikeun. Bari semu haruhah-harehoh, ku Abah dicaritakeun kajadian anu bieu anyar keneh kaalaman. Anu araya harita kabeh arolohok, ukur kapi lanceuk anu katingalina tenang malah kalahka mesem. “Teu aneh! Untung we ukur sakitu,” cenah bari nitah Abah ngendong di imahna.

Nepika ayeuna kajadian harita masih keneh napel na lelembutan, tapi angger hemeng teu kaharti. Na naon sabenerna anu harita kaalaman? Naha eta teh anu disebut Jurig tea, atawa Jin anu nyiliwuri? Wallohu’alam bisshowab, Wassalam. (***)

Ku: H. Dede Asy’arie

Leave A Reply

Your email address will not be published.