Mengenal Cianjur dari Berbagai Sudut

Abah Pupujian Di Mesjid

0

Ku : H.Dede Asy’arie

Unggal sareupna kira-kira satengah jam deui ka waktuna Sholat Maghrib, di Masjid Al-Abror kiduleun imah, kadenge dina sepiker Masjid, barudak reang maraca sholawat, Abah jadi kabawa palid ka walungan panineungan, puluhan tahun kalarung waktu Abah budak keneh.

Kacipta barudak saentragan Abah jaman harita, mun geus kaciri sareupna, jauh keneh ka waktu sholat Maghrib oge, geus ngaberes di Masigit atawa Tajug bari parupujian,naha sholawatan atawa maracakeun sifat 20, nyaeta sifat-sifat Gusti Alloh nu wajib dikanyahokeun tea.

Komo mun dina malem Jumaah mah, tara aya barudak nu ngulampreng di jalan. Kabeh barudak rempeg araya di masjid ti memeh Maghrib, parupujian, sholawatan diteruskeun ngaraji Surah Yasin dipingpin ku ajengan atawa guru ngaji.

Diunggal imah kadenge ibu-ibu atawa barudak istri nu ngaraji, aya nu ngaji Yasin, aya nu maca surah Waqi’ah atawa Tabarok ,atawa aya oge nu keur pupujian macakeun syair Abu Nawas nu kawentar tea, nyaeta maca Ilahilas (ilahi lastu lil Firdausi ahla jst).

Dibandungan ku Abah , ayeuna mah mani pajauh pisan jeung jaman baheula. Kalolobaanana jaman ayeuna mah, barudak geus jarauh pisan tina kahirupan Masigit.

“Beurang tingalabring momotoran, sore can baralik ka imah, waktuna sholat Maghrib masih cerindekul hareupeun layar monitor di unggal warnet !  di masigit ukur aya kolot jeung aki-aki , bari sajajar ge teu jejeg kabeh “ saur hiji Muballigh dina pangaosan Rajaban di Masjid gedengeun imah  malem kamarina.

Masih saur eta Muballegh, di unggal; imah lain kadenge nu ngaraji atawa nu sholawatan atawa pupujian, nu kadenge ukur sora wirahma dangdutan atawa lagu-lagu disco. Nu baroga imah, saur eta Muballegh, mun teu keur gogolehean bari ngadengekeun lalaguan, pasti keur nyenyekel remot tipi, mindah-mindah saluran tipi neangan acara nu dipikaresepna.

“Ceuli jeung matana leuwih resepeun dipake nempo jeung ngadengekeun artis nu karawin, artis nu parasea atawa nu gunta-ganti salaki atawa pamajikan tibatan dipake maca al-Qur’an atawa ngadengekeun pangajian di masigit “ cenah kasauran Muballeg mani tandes pisan.

Mani asa kasindiran palebah dinya mah, da ngarasa osok siga kitu Abah teh, najan tara unggal poe oge , ngan bedana meureun palebah nu dilalajoanana, Abah mah sok kalalanjoan teh mun lalajo mengbal, da ari kana infotainment mah paling teu !

Tah palebah barudak baheula nu sok pupujian memeh Maghrib, jadi ras inget ka mangsa nu geus lawas, mangsa Abah  keur budak keneh tea.

Enya, kitu pisan nu kaalaman ku Abah ge. Unggal sore geus ngalabring jeung adi atawa lanceuk misan, ngadon mandi di Pancuran, da teu mandi di imah tea, teu najan cai ledeng, teu mandi disiukan, keneh nyurug di Pancuran nu caina ngageledeg!

Memeh Maghrib geus diabringkeun ka Masigit, geus beres dariuk bari pupujian ngadogoan bedug ditakol ku merebot. “ Wujud Qidam Baqo, Mukholafatul lilhawadisi, Qiyamuhu binafsihi, Wahdaniat , Qudrot Irodaaat. Elmu, Hayat Samaa, Bashor Kalam, Qodiron Muridan, “Aaliman Hayyan Samian Bashiron Mutakallimaan !

“kitu jeung kitu we nepika dur bedug Maghrib. Beres berjamaah Sholat Maghrib, barudak pindah ka beulah wetan, rohangan khusus paranti ngaraji barudak.

Ngaji Al-Qur’an jaman harita geus jadi kawajiban keur barudak saumuran uing, nu saluhureun mah geus kana Qur’an gede, sawatara uing mah jeung nu saumuran masih keneh dina “ Tuturutan “ istilah harita keur Juz ‘Amma.

Masih keneh ngahejah, Alif fathah Aa, Alif Kasroh Ii,Alif dlommah Uu , Alif Fathahten Aan, Alif Kasrohten Iin, Alif dlommahten Uun ! Jeung saterusna. Abah jeung babaturan nu saumuran mah, ngajina ti beres sholat Maghrib nepika waktu sholat Isya , sedengkeun nu geus galede mah ti Isya nepika beres.

Geus nincak rada baleg, geus ngaji kana Qur’an gede, beres ngaji teh, tara marulang ka imah, tapi sok dialajar silat di pipir Masigit, nepika peuting tuluy saberesna, sok terus harees di Masigit, diamparan Samak mendong nu digulung, tah minangka bantalna , nyaeta samak nu digulungkeun tea.

Ngahaja tara baralik ka imah, lantaran ambeh teu kabeurangan sholat Subuh. Sok waas na teh, mun masih keneh kohkol mah nu ditakol, tara ieuh waka digareuingkeun ku aki nu sok pangrajinna jeung pangheulana ka Masigit, engke we mun geus waktuna nakol bedug Subuh, kakarek kabeh nu harees di Masigit digareuingkeun.

Marandi di pancuran, bari teu make sabun mandi ( sabun seungit harita mah nyarebutna ge ), terus ngilu berjamaah sholat Subuh diteruskeun ku ngaji Safinah, Jurumiyah jeung Tijan.

Beurangna kakarek sarakola umum, nu ka SD atawa nu ka SMP. Balik sakola umum ge tara bisa ulin bebas da masih keneh kudu sakola agama ka Al-I’anah, balikna sore kira–kira tabuh limaan.Kitu jeung kitu we unggal poe teh,matak bororaah bisa ulin siga barudak ayeuna.

Komo deui harita mah da can usum warnet, paling alus oge ulin teh, ngadon lalajo tingalabring, kitu ge, mun poe Minggu atawa poe pere. Lalajona nu beurang, biasana nu jam sapuluh isuk.

Nyaeta waas pisan atuh! ngetik ge bari nyalangkrung ieu teh ! Geus heula we ah nya ?! ke Insya Alloh di sambung deui. Wallohu’alam bissowabn, Wassalam ! (*)

Leave A Reply

Your email address will not be published.